Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci beungharna (3)
- Sarsilah Ngaran Patempatan Di Tatar SundaÉséy Dédé Kosasih
17 Aug 2005 - 10:22 am
Oléh-oléh Priangan dilingkung gunung
Majalaya, Soréang, Banjaran Bandung...
Sempalan lagu "Borondong Garing" di luhur téh ngandung déskripsi sawatara ngaran tempat nu aya di Tatar Sunda. Demi nataan ngaran-ngaran tempat téh ilaharna sok disebut toponimi. Nurutkeun kajian folklore, toponimi téh bagian tina élmu onomastika (onomastics), anu ulikanana ngawengku di antarana baé: méré ngaran jalan, ngaran atawa jujuluk jalma, ngaran kadaharan, ngaran bubuahan kaasup asal-usul (legénda) ngaran hiji tempat dumasar kana 'sajarah' ngajanggélékna.- TALAGA BAGENDITKu: R. Satjadibrata
11 Jul 2002 - 7:40 am
Baheula, geus rebuan taun ka tukang, aya hiji randa beunghar katelah Nyi Endit. Ieu the saenyana mah nenehna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manehna the kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana. Salian ti pakacar-pakacarna mah tara aya nu lar sup ka imahna. Estuning lain babasan eta mah nirup nyorangan the. Kajaba ti teu aya nu ngawawuhan, Nyi Endit the memang jalma nunggul pinang, geus teu kadang warga, hirup the estu nunggelis. Ari beungharna tea mah tetela. Beh kebonna beh sawahna, imahna ge panggedena di salembur eta mah. Turug-turug ngahaja mencilkeun maneh, ngababakan di tengah pasawahan, nu upluk-aplak. Maksudna teu aya lain, ku bawaning embung campur jeung babaturan, da sieun kasoro tea. Teu kitu mah atuh moal disebut medit.
- KUMAHA LAMUN GEDUNG DPRD JAWA BARAT DI ARANAN BALE SIPATAHOENAN?Ku: H. Apep Syafei
12 May 2002 - 11:06 pm
Ari Sipatahoenan teh ngaran hiji leuwi di Pajajaran. Jadi ku ayana Leuwi Sipatahoenan teh nu tadina pagirang-girang bisa namper tur rata sakumaha beungeutna cai di leuwi, jadi kukituna Sipatahoenan teh hiji tarekah kolot-kolot urang baheula supaya urang Sunda bisa runtut raut sauyunan sakumaha ngagimblengna cai dina leuwi.
Kumaha upami tarekah kolot baheula teh diropea deui ngan jentulannana benten ulah Koran, tapi ditepakeun ka Gedung DPRD Jawa Barat? Kumaha upami urang namian bae Gedung DPRD Jawa Barat teh janten BALE SIPATAHOENAN? Mugi-mugi bae nu adu renyom teh tiasa namper siga ngagimblengna cai dina leuwi Situ Sipatahoenan.




















