Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci kuateun (2)
- Sarsilah Ngaran Patempatan Di Tatar SundaÉséy Dédé Kosasih
17 Aug 2005 - 10:22 am
Oléh-oléh Priangan dilingkung gunung
Majalaya, Soréang, Banjaran Bandung...
Sempalan lagu "Borondong Garing" di luhur téh ngandung déskripsi sawatara ngaran tempat nu aya di Tatar Sunda. Demi nataan ngaran-ngaran tempat téh ilaharna sok disebut toponimi. Nurutkeun kajian folklore, toponimi téh bagian tina élmu onomastika (onomastics), anu ulikanana ngawengku di antarana baé: méré ngaran jalan, ngaran atawa jujuluk jalma, ngaran kadaharan, ngaran bubuahan kaasup asal-usul (legénda) ngaran hiji tempat dumasar kana 'sajarah' ngajanggélékna.- BEREGEJED I
14 Feb 2002 - 4:11 am
Dina kareta api Bandung-Banjar, aya nini-nini diuk pahareup-hareup jeung pamuda.
"Punten wae, Encep, Nini bade tumaros. Dupi Encep teh Roy Marten tea?"
"Sanes, Nini. Abdi mah Uned," tembal si pamuda.
Sanggeus tepi ka Cicalengka, si nini nanya deui, "leres Encep teh sanes Roy Marten?"
"Ituh, disanes-sanes teh. Abdi mah Uned," tembalna deui.
Barang geus tepi ka Ciamis, geus pok deui nini-nini teh nanya, "Encep teh leres Roy Marten, nya?"
"Enya atuh, Nini," tembalna, semu keuheul.
"Tapi," ceuk si nini, "naha nya encep mah teu siga Roy Marten."




















