Hasil Pencarian

Hasil pencarian untuk kata kunci ngabedega (1)

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 30 (bagian 2)Tina Surat AN NAZIAAT (Malaikat anu Ngadudut Roh) - Surat Katujuhpuluh salapan - ayat 1 d/k 46

20 Dec 2004 - 12:33 pm

15. SAKARATNA JELEMA ANU KAPIR KACIDA PIKAWATIREUNANA (:79/1) - rhs, 17 Jumadilahir 1428 H


  • Sakaratna jalma kapir, estuning ku matak watir,
    ku Ijroil digebugan, anu kapir diteunggeulan.
  • Digebugan sahabekna, sangkan ka luar nyawana,
    nyawana mugen embungeun, sieun dika-narakakeun.
  • Si nyawa didudut tarik, nyawa teh ngajerit ceurik,
    tingkoceak sosongkolan, sakaratna nu teu iman.
  • Naha atuh maneh kapir, teu inget engke di ahir,
    bakal pinanggih jeung maot, dipapag malakal maot.
  • Sanajan ampun-ampunan, enggeus euweuh kasempetan,
    tobatna geus elat teuing, naha baheula teu eling.
  • Tarima bae buktina, sabab teu iman teu takwa,
    marukan teh bakal lana, langgeng rek hirup di dunya.
  • Na naon nu diteangan, ngumbar napsu tetemenan,
    terang-terang geus lekasan, malakalmaot nungguan.