Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci ngahibur (2)
- Ngaruat di Ciburuy ku Kaset Ketuk Tilu
20 Feb 2006 - 2:30 am
Mun tas aya nu cilaka di Situ Ciburuy kudu ngaruat bari nanggap ketuk tilu. Ngan ku sabab kasenian ketuk tilu kiwari geus langka, atuh ngaruat teh cukup nyetel kasetna we wungkul.
Sigana pikeun urang Sunda mah pada apal kana lagu "Bubuy Bulan" anu rumpakana : Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang, panon poe, panon poe disasate, unggal bulan, unggal bulan abdi teang, unggal poe, unggal poe oge hade. Situ Ciburuy laukna hese dipancing.. jeung saterusna.- Misi Seni Ka Luar Negri, Antara Potensi Jeung PromosiKu: Nano S.
7 Jan 2003 - 12:20 am
Taun genep puluhan mun aya misi seni kasenian Sunda ka luar negri, biasana sok diwakilan ku seni tari, pangpana tarian karya ti Tjetje Somantri. Nu jadi panangkesna ti Jawatan Kabudayaan, salaku lembaga pamarentah nu gede wibawana ka balarea, pangpangna keur para seniman. Para penari anu dipilih keur jadi anggota misi kesenian, tangtu wae lolobana para penari anu sok latihan ti Jawatan Kabudayaan, kitu deui para pangrawitna (nayaga). Kusabab eta misi kesenian teh digabung jeung kesenian daerah sejen, anggotana biasana tara pati loba, komo pangrawitna mah dipilih nu pokona bae. Upamana juru kendang, rebab, jeung sabaraha urang tambahanana. Kakuranganana sok dibantuan ku seniman Jawa, anu biasana leuwih kumplit anggotana. Ngaran misi kesenian sok disebut misi kesenian kepresidenan, sebab ieu kagiatan teh mangrupa wakil nagara Indonesia, dina ngarakutkeun hubungan jeung nagara luar, kaasup upaya mintonkeun kabinangkitan kasenian di Indonesia anu Bhineka Tunggal Ika. Salian keur kagiatan misi seni ka luar negri, ti Jawa Barat oge remeh ngeusian acara di istana negara keur ngahibur para tamu ti luar negri. Para penari anu sok mindeng di istana negara, biasana sok meunang landihan penari istana.




















