Hasil Pencarian

Hasil pencarian untuk kata kunci ngupah (2)

Geus nepi kana UganaKu Dédé Kosasih

17 Aug 2005 - 10:27 am

Hiji peristiwa 'monuméntal' geus diguratkeun ku mangsi emas dina leunjeuran sajarah bangsa Indonésia, nyaéta ku lumangsungna pilprés kalayan suksés, aman, langsung tur démokratis. Hasilna, pada-pada kasaksén yén SB. Yudhoyono resmi jadi papayung agung bangsa Indonésia 2004-2009, sabada nyangking mandat rayat dina Pilprés II dina tgl 20 Séptémber 2004. Nya ieu meureun geus nepi kana ugana téh. Mungguh cék Bah Usin téa mah geus jadi guratan nasib jeung takdir hiji mahluk luyu jeung tutulisan ti Loh Mahpudna.

Geus nepi kana ugana. Ieu ungkara téh bet jadi ngahudang tineung. Jol ras baé inget kana kapercayaan kolot urang baheula, ngeunaan uga. Ari uga dina konsépsi masarakat Sunda raket patalina jeung sistim kapercayaan minangka tujuman (ramalan) parakaruhun baheula utamana kana parobahan sosial politik nagara nu bakal datang. Sakumaha nu kaunggel dina: uga Bandung, uga Galunggung, uga Banten jeung uga Kawasén. Upamana, cék uga Galunggung, cenah: Sunda bakal nanjung mun pulung geus turun ti Galunggung.

WANGSIT TI NU MINDENG DITAREANGANKatampi ku Nu Katitipan di Situs Astana Gede - Kawali, 18 September 1990

9 Oct 2001 - 5:15 am

Kanyataan nu peurih ayeuna eta jadi ciri ganti wanci. Tapi kudu karuat akar dirina, maksudna ulah baranggawe bari teu make titincakan, kudu apal liliwatan jaman. Terus bae terus nyieun tapak nyieun lacak.