Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci dawuhna (2)
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 7)Al Baqarah (Surat Kadua) - ayat 115 d/k 126
23 Feb 2004 - 7:50 am
61. NURUL HIKMAH (:2/115) - rhs, 4 Syawal 1421 H
- Sapanjang nyanghareup ngulon, ngetan deui ngetan deui,
sapanjang nyanghareup ngidul, ngaler deui ngaler deui, - Madhab opat sagemblengna, jagat raya sagebarna,
kagungan Alloh Ta'ala, kalimpudan iradah-Na. - Rahmat kurnia Mantenna, ngalingkupan jagat raya,
jembar teu aya watesna, Alloh Nu Maha Uninga. - Sabudeurna puter jagat, estu kalampud kalampat,
kacebor ku rahmat ni'mat, ti Alloh Nu Maha Ha'at.
- Sapanjang nyanghareup ngulon, ngetan deui ngetan deui,
- Dongeng Sasakala: SITU LENGKONG
18 Feb 2002 - 7:29 am
Jaman baheula, anu jumeneng raja di nagara Cipanjalu, jujulukna Prabu Cakradewa. Anjeunna kagungan putra pameget hiji, kakasihna Prabu Borosngora.
Barang putrana geus sawawa, ku ramana dipiwarang ngalalana nyiar pangabisa.
Sanggeus mangtaun-taun lilana di pangumbaraan, anjeunna mulih deui ka bali geusan ngajadi. Sasumpingna, ramana ngayakeun pesta, sarta nanggap ronggeng sagala, ramena teu kira-kira.