Hasil Pencarian

Hasil pencarian untuk kata kunci dibendon (3)

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 5)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 67 d/k 93

1 May 2003 - 2:10 am

41. PERBAWANA DUNYA (:2/67,68,69,70) - rhs, 3 Syawal 1421 H


  • Perbawa haliah dunya, mindengna mah sok kacida,
    marageuhan bebeneran, asa bener ceuk sorangan.
  • Dugi ka dawuh Ilahi, dirugal-rigel pribadi,
    ngahaja ditarekahan, sangkan teu karurugian.
  • Nyieun rupaning alesan, ngahaja dipalikiran,
    dawuh Alloh diakalan, sangkan jadi kauntungan.
  • Saperti urang Yahudi, awahing nyaah ku sapi,
    api-api nu teu ngarti, kana dawuhan Ilahi.
  • Nu kitu munapek pasti, saperti urang Yahudi,
    bakal dibendon ku Gusti, Alloh mah Maha Tingali.

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 3)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 31 d/k 50

9 Jan 2003 - 6:25 pm

21. MANUSA DIPAPARINAN AKAL (:2/31,32,33,34) - rhs, 3 Syawal 1421 H


  • Manusa unggul darajat, dibanding jeung malaikat,
    margi ku Kersa Ilahi, dipaparinan pangarti.
  • Dipaparinan katerang, apal ngaran barang-barang,
    malaikat mah teu terang, kana ngaran barang-barang.
  • Eta unggulna manusa, dipaparin pangabisa,
    ku Alloh Maha Kawasa, Hakim Maha Wijaksana.
  • Alloh Nu Maha Uninga, kana rasiahna jalma,
    nu kedal mangrupi lisan, boh nu buni disimbutan.

Tujuh Welas PupuhRumpaka: Drs.R.H. Hidayat Suryalaga

22 Aug 2001 - 12:00 am

Kanggo nyusun rumpaka pupuh, kedah ditarekahan supados luyu sareng jiwa pupuh anu jumlahna aya tujuh welas.
Pupuh Kinanti, Sinom, Asmarandana jeung Dangdanggula ilahar disebut Pupuh Ageung. Naon wae anu sanesna? Mangga aos anu langkung lengkepna.