Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci ebreh (5)
- Sarsilah Ngaran Patempatan Di Tatar SundaÉséy Dédé Kosasih
17 Aug 2005 - 10:22 am
Oléh-oléh Priangan dilingkung gunung
Majalaya, Soréang, Banjaran Bandung...
Sempalan lagu "Borondong Garing" di luhur téh ngandung déskripsi sawatara ngaran tempat nu aya di Tatar Sunda. Demi nataan ngaran-ngaran tempat téh ilaharna sok disebut toponimi. Nurutkeun kajian folklore, toponimi téh bagian tina élmu onomastika (onomastics), anu ulikanana ngawengku di antarana baé: méré ngaran jalan, ngaran atawa jujuluk jalma, ngaran kadaharan, ngaran bubuahan kaasup asal-usul (legénda) ngaran hiji tempat dumasar kana 'sajarah' ngajanggélékna.- Poyok UngkalÉséy Dédé Kosasih
17 Aug 2005 - 10:19 am
Ungkal téh lembur di wewengkon Conggéang, Sumedang. Mun Maronggé sohor ku pélétna. Ungkal mah kaceluk ku poyokna. Kapan aya nu disebut poyok Ungkal. Paribasa, tukang cegékan urang Ungkal mah.
Naha bener kitu éta téh? Sigana, puyak-poyok mah saréréa gé osok. Naha urang Ungkal naha urang Tagogapu, sahanteuna kungsi moyok. Ngan, poyokna kawas kumaha?
Rada nenggang ti nu séjén. Urang Ungkal miboga tradisi anu mandiri tumali jeung carana ngedalkeun pamoyokna kalawan simbolis. Ari eusi pamoyokna biasana tara leupas tina kekecapan anu lega rambat kamaléna. Ana pok moyok, bet teu jiga-jiga.- NGARAN RUPA-RUPA OMONGAN
11 Jul 2002 - 5:29 am
Rupa-rupa omongan ieu teh mindeng dipake dina paguneman sapopoe. Aya nu ngaharewos, hohoak, kunyam-kunyem jeung kukulutus. Kitu deui aya oge anu sosoak jeung hog hag enggoning cumarita teh.
Kumaha kabeungharannana kecap-kecap dina Basa Sunda ieu teh? Tah, pikeun ngalarapkeunana tangtu urang perlu jentre tur merenah. Ieu rupa-rupa omongan anu biasa dipake dina paguneman sapopoe. Rupa-rupa omongan ieu oge ngebrehkeun ayana kabeungharan.- TATA-TITI DUDUGA PRAYOGA PANYANGREUD KARAHAYUAN KULAWARGAKu: Drs. R.H. Hidayat Suryalaga
13 Jun 2002 - 6:30 am
Urang Sunda tangtos mikawanoh paribasa anu unina: tata-titi duduga prayoga, anu ieu sadayana kawengku ku tatakrama atanapi etika. Dina kahirupan sadidinten etika teh ngurung tilu widang, nyaeta etika religi/agama, etika filsafat sareng etika sosial. Unggal kulawarga kedah narekahan sangkan anggota kulawargana henteu mengpar tina etika anu tilu widang ieu.
- LEMBAGA BASA JEUNG SASTRA SUNDA (LBSS)
31 Aug 2001 - 12:00 am
Udagan utama Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) nyaeta milu ngamumule ngaraksa-ngariksa, miara jeung mekarkeun basa jeung sastra Sunda katut pangajaranana. Ari nu jadi udagan nyaeta milu ngalaksanakeun kawijakan pangwangunan nasional anu luyu jeung aspirasi lokal Jawa Barat. Basa jeung sastra Sunda tetap mampuh bisa ngigelan jaman bari ngarojong kabinekaan budaya anu jadi unsur kamotekaran jeung sumber kakuatan bangsa.