Hasil Pencarian

Hasil pencarian untuk kata kunci euyeub (3)

Poyok UngkalÉséy Dédé Kosasih

17 Aug 2005 - 10:19 am

Ungkal téh lembur di wewengkon Conggéang, Sumedang. Mun Maronggé sohor ku pélétna. Ungkal mah kaceluk ku poyokna. Kapan aya nu disebut poyok Ungkal. Paribasa, tukang cegékan urang Ungkal mah.

Naha bener kitu éta téh? Sigana, puyak-poyok mah saréréa gé osok. Naha urang Ungkal naha urang Tagogapu, sahanteuna kungsi moyok. Ngan, poyokna kawas kumaha?

Rada nenggang ti nu séjén. Urang Ungkal miboga tradisi anu mandiri tumali jeung carana ngedalkeun pamoyokna kalawan simbolis. Ari eusi pamoyokna biasana tara leupas tina kekecapan anu lega rambat kamaléna. Ana pok moyok, bet teu jiga-jiga.

Saung Angklung Mang Udjo; Jadi Kampung Sunda

6 Jul 2004 - 3:03 am

Geus teu anéh pikeun urang Padasuka mah, upama aya turis asing ngadongdon wewengkonna. Ti taun 1970-an, geus réa wisatawan nu ngulampreng ka ieu patempatan. Rék naon cenah éta turis bet jul-jol ka Padasuka?, jauh dijugjug, anggang di téang, kataji ku garapan seni Saung Angklung Mang Udjo, nu perenahna di jalan Padasuka no 118 Bandung

Nurutkeun panintén kapariwisataan, karéréan wisatawan nu datang, ka Bandung atawa ka Jawa Barat, tujuan utamana téh ka saung Mang Udjo. Malah nurutkeun béja mah, ngadongdon ka tempat liana mah ngan ukur sasampiran. Pang kitu téh kawasna nepi ka kiwari nu pangkajojona téh Saung Mang Udjo.

LEMBAGA KEBUDAYAAN UNIVERSITAS PASUNDAN

30 Aug 2001 - 12:00 am

Lembaga Kebudayaan Unpas diadegkeun pikeun lengkah ngalaksanakeun garapan salah sahiji misi husu nyaeta: Nalungtik, miara/ngamumule sarta mekarkeun Budaya Sunda.
Jaba ti eta budaya teh mangrupa reka cipta, rengkak paripolah manusa sagemblengna, cipta, rasa, karya, karsa kaasup palsapah, adat istiadat jeung tata adab anu ngabogaan ajen pikeun nyumpanon kabagjaan lahir jeung batin.