Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci hkeun (56)
- REOG PERLU DIRUMATOleh: Entjim Supardi
26 Feb 2002 - 2:13 am
Kasenian reog kiwari matak prihatin, sabab ayeuna mah beunang dibilang ku ramo jumlahna pakumpulan reog. Beda jeung kayaan din taun limapuluhan anu meh saban kacamatan atawa saban desa ngabogaan grup reog. Siga anu kaalaman ku nu nulis, di Tasikmalaya aya grup reog "Atun", di Ciamis grup reog "Apay" anu kawilang dipikaresep pisan waktu harita. Saban-saban aya nu kariaan teh sok aya wae makalangan, boh reog "Atun" atawa reog "Apay".
- Dongeng Sasakala: CIKA-CIKA
18 Feb 2002 - 7:31 am
Jaman baheula-baheula ge baheula deui aya hiji lembur anu gegek jiwana. Pangeusi eta lembur, meh kabeh jelema carukup. Demi pangupajiwana kana karajinan ngabatik.
Kacaritakeun di eta lembur aya hiji randa boga anak awewe ngaran Marini. Nyi Marini ku indungna pohara dipiasihna, lantaran rajin jeung suhud ngabantuan pagawean indungna. Pagawean di dapur jeung di imah kabeh ditangkes ku manehna. Malah kalan-kalan Nyi Marini sok ngabantuan indungna ngabatik.- Dongeng Sasakala: SITU LENGKONG
18 Feb 2002 - 7:29 am
Jaman baheula, anu jumeneng raja di nagara Cipanjalu, jujulukna Prabu Cakradewa. Anjeunna kagungan putra pameget hiji, kakasihna Prabu Borosngora.
Barang putrana geus sawawa, ku ramana dipiwarang ngalalana nyiar pangabisa.
Sanggeus mangtaun-taun lilana di pangumbaraan, anjeunna mulih deui ka bali geusan ngajadi. Sasumpingna, ramana ngayakeun pesta, sarta nanggap ronggeng sagala, ramena teu kira-kira.- Dongeng Sasakala: GAGAK JADI HIDEUNG
11 Feb 2002 - 2:29 am
Jaman baheula aya oray sanca keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna beulah dieu dibeulitkeun kana pancuh tambakan. Awakna malang dina balong tea, tuluy diayunkeun…geblok, geblok we caina ditawu, cara nawu ku gobang panjang.
- Dongeng Sasakala: LELE PAMATILAN
11 Feb 2002 - 2:28 am
Jaman baheula mah lauk nu pangranggetengna teh mujaer, eukeur mah awakna gede, turug-turug boga pakarang, gerakanana rancingeus. Dina tonggongna aya nu rangseb tur boga pamatil. Tong boro bangsa lauk keneh, dalah jelema oge ngarasa sieun ari dipatil mah.




















