Hasil Pencarian

Hasil pencarian untuk kata kunci kageteunana (2)

Dongeng Sasakala: BIRUANG JADI GALAK

16 May 2002 - 2:39 am

Baheula biruang atawa ontohod teh bejana bageur, malah sok daek tutulung ka jelema. Ieu dihandap aya dongen hiji biruang jeung jurutani. Aya hiji jurutani boga sawah disisi leuweung, sarta sosobatan jeung biruang. Waktu sawahna dipelakan pare, unggal peuting sok dijaga ku biruang. Atuh senang jurutani teh, datangna kasawah ti beurang wungkul.

Dongeng Sasakala: SITU LENGKONG

18 Feb 2002 - 7:29 am

Jaman baheula, anu jumeneng raja di nagara Cipanjalu, jujulukna Prabu Cakradewa. Anjeunna kagungan putra pameget hiji, kakasihna Prabu Borosngora.

Barang putrana geus sawawa, ku ramana dipiwarang ngalalana nyiar pangabisa.

Sanggeus mangtaun-taun lilana di pangumbaraan, anjeunna mulih deui ka bali geusan ngajadi. Sasumpingna, ramana ngayakeun pesta, sarta nanggap ronggeng sagala, ramena teu kira-kira.