Hasil Pencarian

Hasil pencarian untuk kata kunci kapercayaan (5)

Geus nepi kana UganaKu Dédé Kosasih

17 Aug 2005 - 10:27 am

Hiji peristiwa 'monuméntal' geus diguratkeun ku mangsi emas dina leunjeuran sajarah bangsa Indonésia, nyaéta ku lumangsungna pilprés kalayan suksés, aman, langsung tur démokratis. Hasilna, pada-pada kasaksén yén SB. Yudhoyono resmi jadi papayung agung bangsa Indonésia 2004-2009, sabada nyangking mandat rayat dina Pilprés II dina tgl 20 Séptémber 2004. Nya ieu meureun geus nepi kana ugana téh. Mungguh cék Bah Usin téa mah geus jadi guratan nasib jeung takdir hiji mahluk luyu jeung tutulisan ti Loh Mahpudna.

Geus nepi kana ugana. Ieu ungkara téh bet jadi ngahudang tineung. Jol ras baé inget kana kapercayaan kolot urang baheula, ngeunaan uga. Ari uga dina konsépsi masarakat Sunda raket patalina jeung sistim kapercayaan minangka tujuman (ramalan) parakaruhun baheula utamana kana parobahan sosial politik nagara nu bakal datang. Sakumaha nu kaunggel dina: uga Bandung, uga Galunggung, uga Banten jeung uga Kawasén. Upamana, cék uga Galunggung, cenah: Sunda bakal nanjung mun pulung geus turun ti Galunggung.

Sarsilah Ngaran Patempatan Di Tatar SundaÉséy Dédé Kosasih

17 Aug 2005 - 10:22 am

Oléh-oléh Priangan dilingkung gunung
Majalaya, Soréang, Banjaran Bandung...


Sempalan lagu "Borondong Garing" di luhur téh ngandung déskripsi sawatara ngaran tempat nu aya di Tatar Sunda. Demi nataan ngaran-ngaran tempat téh ilaharna sok disebut toponimi. Nurutkeun kajian folklore, toponimi téh bagian tina élmu onomastika (onomastics), anu ulikanana ngawengku di antarana baé: méré ngaran jalan, ngaran atawa jujuluk jalma, ngaran kadaharan, ngaran bubuahan kaasup asal-usul (legénda) ngaran hiji tempat dumasar kana 'sajarah' ngajanggélékna.

Misi Seni Ka Luar Negri, Antara Potensi Jeung PromosiKu: Nano S.

7 Jan 2003 - 12:20 am

Taun genep puluhan mun aya misi seni kasenian Sunda ka luar negri, biasana sok diwakilan ku seni tari, pangpana tarian karya ti Tjetje Somantri. Nu jadi panangkesna ti Jawatan Kabudayaan, salaku lembaga pamarentah nu gede wibawana ka balarea, pangpangna keur para seniman. Para penari anu dipilih keur jadi anggota misi kesenian, tangtu wae lolobana para penari anu sok latihan ti Jawatan Kabudayaan, kitu deui para pangrawitna (nayaga). Kusabab eta misi kesenian teh digabung jeung kesenian daerah sejen, anggotana biasana tara pati loba, komo pangrawitna mah dipilih nu pokona bae. Upamana juru kendang, rebab, jeung sabaraha urang tambahanana. Kakuranganana sok dibantuan ku seniman Jawa, anu biasana leuwih kumplit anggotana. Ngaran misi kesenian sok disebut misi kesenian kepresidenan, sebab ieu kagiatan teh mangrupa wakil nagara Indonesia, dina ngarakutkeun hubungan jeung nagara luar, kaasup upaya mintonkeun kabinangkitan kasenian di Indonesia anu Bhineka Tunggal Ika. Salian keur kagiatan misi seni ka luar negri, ti Jawa Barat oge remeh ngeusian acara di istana negara keur ngahibur para tamu ti luar negri. Para penari anu sok mindeng di istana negara, biasana sok meunang landihan penari istana.

PARIGEUING GAYA KAPAMINGPINAN (LEADERSHIP) PRABU SILIWANGIKu: Drs.R.H. Hidayat Suryalaga

9 Sep 2001 - 12:00 am

Kapamingpinan dina masarakat Sunda, nurutkeun Naskah Kuna Sanghiyang Siksa Kanda'ng Karesian. Ieu naskah kuna teh asli titinggal karuhun Sunda taun 1518 Masehi (Prabu Siliwangi/Jayadewata pupusna taun 1521 Masehi) anu disundakeun deui kana basa ayeuna ku Drs. Saleh Danasasmita 1985. Ari aksarana ngagunakeun aksara "Ratu Pakuan", lain Cacarakan. Basana Basa Sunda Buhun.

Dina naskah Kuna ieu teh aya palanggeran, tuduh laku tatakrama pikeun jadi pamingpin di masarakat jaman harita. Sanajan kitu eta palanggeran teh tetep gede gunana pikeun jadi palanggeran pamingpin Sunda jaman ayeuna. Eta palanggeran teh disebut PARIGEUING.

SILIH ASIH, SILIH ASAH, SILIH ASUH (1)Ku: Hidayat Suryalaga

6 Sep 2001 - 8:39 am

Babasan disebut oge kacapangan atawa motto nu kacida dipiwanohna ku masarakat Tatar Sunda, nya eta SILIH ASIH - SILIH ASAH - SILIH ASUH; sok disingget istilahna jadi SILAS.