Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci katel (10)
- TALAGA BAGENDITKu: R. Satjadibrata
11 Jul 2002 - 7:40 am
Baheula, geus rebuan taun ka tukang, aya hiji randa beunghar katelah Nyi Endit. Ieu the saenyana mah nenehna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manehna the kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana. Salian ti pakacar-pakacarna mah tara aya nu lar sup ka imahna. Estuning lain babasan eta mah nirup nyorangan the. Kajaba ti teu aya nu ngawawuhan, Nyi Endit the memang jalma nunggul pinang, geus teu kadang warga, hirup the estu nunggelis. Ari beungharna tea mah tetela. Beh kebonna beh sawahna, imahna ge panggedena di salembur eta mah. Turug-turug ngahaja mencilkeun maneh, ngababakan di tengah pasawahan, nu upluk-aplak. Maksudna teu aya lain, ku bawaning embung campur jeung babaturan, da sieun kasoro tea. Teu kitu mah atuh moal disebut medit.
- Dongeng Sasakala: SELAT SUNDA JEUNG GUNUNG KRAKATAU
1 Mar 2002 - 2:31 am
Jaman baheula di pulo Jawa beulah Kulon, ngadeg hiji karajaan nu diratuan ku Prabu Rakata. Sang Prabu kagungan putra dua. Anu cikal jenengan Raden Sundana, anu bungsu Raden Tapobrana. Harita mah Pulo Jawa sareng Sumatera teh ngahiji.
Ku margi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, teras masrahkeun karajaan ka putra-putrana. Karajaan teh dibagi dua. Anu palih Wetan ka Raden Sundana, nu palih Kulon ka Raden Tapobrana.- Dongeng Sasakala: SITU LENGKONG
18 Feb 2002 - 7:29 am
Jaman baheula, anu jumeneng raja di nagara Cipanjalu, jujulukna Prabu Cakradewa. Anjeunna kagungan putra pameget hiji, kakasihna Prabu Borosngora.
Barang putrana geus sawawa, ku ramana dipiwarang ngalalana nyiar pangabisa.
Sanggeus mangtaun-taun lilana di pangumbaraan, anjeunna mulih deui ka bali geusan ngajadi. Sasumpingna, ramana ngayakeun pesta, sarta nanggap ronggeng sagala, ramena teu kira-kira.- CARITA PARAHIYANGAN
30 Nov 2001 - 1:06 am
Carita Parahiyangan teh hiji naskah kuno titilar Karuhun Urang sunda ti Galuh anu pohara munelna, ieu naskah teh luhur pisan ajen sajarahna, teu eleh ajenna najan dibandingkeun jeung pararaton atawa Nagarakretagama, nyaeta anu nyaritakeun hal ihwal katut kaayaan Singasari jeung Majapahit.
Carita Parahyiangan eusina nyarsilahkeun kaayaan pulo Djawa anu nyurug ka bagian Beulah kulon jeung sabagian ka Beulah Wetan; malah nyarsilahkeun Raja Sanjaya basa angkat ti Galuh ka tatar Wetan.
Tempat-tempat atawa daerah anu ditulis dina ieu naskah Carita Parahiyangan sabagian parantos kaungsi raratanana, sarta ti eta tempat-tempat teh loba bahan-bahan sejenna anu bias diguar.- Tujuh Welas PupuhRumpaka: Drs.R.H. Hidayat Suryalaga
22 Aug 2001 - 12:00 am
Kanggo nyusun rumpaka pupuh, kedah ditarekahan supados luyu sareng jiwa pupuh anu jumlahna aya tujuh welas.
Pupuh Kinanti, Sinom, Asmarandana jeung Dangdanggula ilahar disebut Pupuh Ageung. Naon wae anu sanesna? Mangga aos anu langkung lengkepna.




















