Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci kiwari (32)
- PITUDUH SINGGET TIORI DRAMAKu: Drs. H.R. Hidayat Suryalaga
21 Mar 2002 - 5:55 am
Carita drama mibanda unsur-unsur nu sami sareng karya sastra sanesna, upamina sareng novel, roman atanapi carita pondok. Mung dina naskah drama mah, kumargi kanggo gelarkeuneun, unsur carita teh kedah aya pangropea nu husus, pang-pangna dina plot, sareng watek.
Wangun drama sok disebut oge bagan drama, rarancang, rangka drama, atanapi galur drama (damatic line). Aya sawatara pamendak ngeunaan wangun drama teh, nanging urang ngabantun anu basajan bae nya eta nu disebat wangun Aristotelian, numutkeun pamendakna Aristoteles Budayawan Yunani baheula.- Dongeng Sasakala: SELAT SUNDA JEUNG GUNUNG KRAKATAU
1 Mar 2002 - 2:31 am
Jaman baheula di pulo Jawa beulah Kulon, ngadeg hiji karajaan nu diratuan ku Prabu Rakata. Sang Prabu kagungan putra dua. Anu cikal jenengan Raden Sundana, anu bungsu Raden Tapobrana. Harita mah Pulo Jawa sareng Sumatera teh ngahiji.
Ku margi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, teras masrahkeun karajaan ka putra-putrana. Karajaan teh dibagi dua. Anu palih Wetan ka Raden Sundana, nu palih Kulon ka Raden Tapobrana.- HAMBURGER, BASO, YAKINIKU JEUNG SINDANG RERETKu: Achmad Roestandi
26 Feb 2002 - 2:32 am
Kiwari kasaksian ku sarerea, dahareun anu khas Sunda mimiti kasilih ku dahareun bangsa deungeun, kayaning baso, siomay, bapau, hamburger, fried chicken, yakiniku, sabu-sabu, tempura jeung sabangsana. Sedengkeun lotek (ketang bisa jadi baheula mah lotek ge lain khas Sunda, da ngaranna ge bau-bau Cina, ngan ku proses akulturasi jeung asimilasi ayeuna geus jadi kadaharan khas Sunda), karedok, angeun haseum, sarupaning papaisan, pindang, opak sanajan aya keneh nu ngajual tapi di kota mah geus eleh ku kaolahan deungeun-deungeun. Malah sigana mah, barudak Sunda ayeuna, boa-boa geus moal wawuheun kana cuhcur, angleng atawa gurandil teh.
- REOG PERLU DIRUMATOleh: Entjim Supardi
26 Feb 2002 - 2:13 am
Kasenian reog kiwari matak prihatin, sabab ayeuna mah beunang dibilang ku ramo jumlahna pakumpulan reog. Beda jeung kayaan din taun limapuluhan anu meh saban kacamatan atawa saban desa ngabogaan grup reog. Siga anu kaalaman ku nu nulis, di Tasikmalaya aya grup reog "Atun", di Ciamis grup reog "Apay" anu kawilang dipikaresep pisan waktu harita. Saban-saban aya nu kariaan teh sok aya wae makalangan, boh reog "Atun" atawa reog "Apay".
- 100 BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDAKu: Drs. Tatang Sumarsono
11 Feb 2002 - 2:21 am
Babasan jeung Paribasa Sunda mangrupa bagian tina kahirupan tur milu ngajembaran Basa Sunda sarta miboga kalungguhan anu penting pikeun panyaturna. Tacan kapaluruh sacara pasti, komo mun tepi kabilangan taunna, ti mimiti iraha gelarna eta rupa-rupa babasan jeung paribasa teh; ngan wae gede kamungkinan henteu sawaktu. Dina harti, mungkin aya anu gelarna geus heubeul pisan jeung deuih anu diduga rada beh dieu. Anu dipake ukuran heubeul jeung anyar teh diantarana ungkara kecap atawa frasa, adegan kalimah, atawa eusi anu dikandungna.




















