Hasil Pencarian

Hasil pencarian untuk kata kunci kkeun (17)

WANGSIT TI BATU TULIS BOGORTanggal: 28 Desember 1987. Katampi ku: R. Hidayat Suryalaga.

25 Sep 2001 - 5:16 am

Ieu cutatan sabagian wangsit ti Batu Tulis Bogor:
Pek hanjat ti Cimawati, mawat diri kana pakemitan. Jog ka lebak Tenjolaya nenjo kadaton nu kari tapakna sabab harita oge geus kari ngaran Pajajaran teh. Jol ka Gunung Emas, di dinya melakkeun pangawasaan. Sarta kula kedal lisan: "Kula gelar di Buana Pancatengah tadah parentah Sang Tunggal, nyieun tunggul ciri nagri dayeuhna Pajajaran di Galuh Pakuan”.

WANGSIT TI BADIGUL/RANCAMAYATanggal: 25 Oktober 1987. Katampi ku: R. Hidayat Suryalaga.

25 Sep 2001 - 3:26 am

Badigul teh pasir bulistir di Rancamaya -caket Batutulis- Bogor. Ieu tempat kacaritakeun dina Naskah Sunda Kuna. Nurutkeun Drs. Saleh Danasasmita (budayawan/sejarawan) nu katampa ku kuring pribadina (saminggu samemeh pupus), nyaurkeun yen di badigul, Prabu Siliwangi “diawuy/dikremasi”. Lebakkeunana ayeuna jadi sawah, malah dijadikeun real estate, padahal baheula nya di dieu pisan Talaga Rena Mahawijaya teh. Kuring kungsi jarah ka ieu tempat 3 kali diantarana jeung Acil Bimbo, Uu Rukmana, Adil Fadila Kusumah, Dadi P. Danusubrata, jeung sajabana ti eta.