Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci lalakina (2)
- Ngawanohkeun: Dalih DjiunSeniman Topeng Cisalak
20 Feb 2006 - 2:31 am
Dina dunya seni hiburan geus moal bireuk ka ngaran Bokir (almarhum), pelawak lenong Betawi, kitu deui ka ngaran Mandra, Omas jeung Mastur, pelawak entragan ngora nu panginditanan tina seni topeng Betawi.
Tapi, mun nyebutkeun ngaran Dalih Djiun, pasti bakal kerung, tangtu bae da ngarana jarang midang dina telvisi, oge profesina lain pelawak. Papadaning kitu di lingkungan kasenian topeng Betawi boh di wilayah Betawi pinggiran saperti Bekasi, Tangerang, jeung Depok, boh di Betawi Tengah (kota) ngarana pada mikawanoh. Pangna dipikawanoh, sabab inyana salasaurang putra pasangan Dalih Djiun bin Dorak jeung Mak Kinang nu gede yasana mekarkeun kasenian "topeng Cisalak" katut topeng Betawi.- WARUNG SUNDANETPUPUH BALAKBAK
23 Oct 2001 - 2:18 am
Pupuh Balakbak teh pupuh nu ngagambarkeun rasa bungah, heureuy nanging bari aya pikiraneunana. Ngahaja dipidangkeun suipados kaaos ku sadaya kulawedet Sundanet, dugi ka iasa kagambarkeun suasana nu genah, merenah, tumaninah tur amanah di lingkungan Sundanet. Pada kahiji ngahaja nyutat anu parantos dipiwanoh nya eta "Warung Citameng" minangka panaratas jalan supados aremut deui kana laguna/kawihna.