Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci ngalanggar (4)
- Landong Baeud 1Ku : M. Nana Munajat Dahlan
3 Apr 2005 - 10:26 am
Ceuk kolot mun lalajo wayang golek poma ulah balik mun ki dalang can cacap nutugkeun carita. Mun di pungpang atawa ngalanggar kana eta caritaan bakal dipegat ku sandekala.
Eta oge lain teu inget kana eta caritaan, balik soteh inget kana dagangan nu kudu diiderkeun ka pasar subuh-subuh. Matak Jang Usro maksakeun balik jam dua welas peuting dina tengah garapan dalang.- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 6)Al Baqarah (Surat Kadua) - ayat 94 d/k 114
17 Feb 2004 - 2:20 am
51. WAKTU KEDAH DIANGGO IBADAH (:2/94,95,96) - rhs, 4 Syawal 1421 H
- Seueur pisan nu nga'dua, hayang paranjang umurna,
Padahal mun henteu taqwa, panjang umur teh teu guna. - Panjang umur sadi siksa, lamun seug salah ngeusina,
Panjang umur teu mangpa'at, lamun henteu daek solat. - Panjang umur bari iman, eta kurnia pangeran,
Waktu dipake ibadah, umurna ge pinuh berekah. - Panjang umur eta bagja, lamun dibarengan takwa,
Hirup teh gede gunana, lamun seug bisa ngaturna.
- Seueur pisan nu nga'dua, hayang paranjang umurna,
- Dongeng Sasakala: BANTENG TANDUKAN
11 Apr 2002 - 3:43 am
Ceuk dongeng, baheula mah banteng teh teu boga tanduk. Nu tandukan mah kuda. Nya, pangna banteng tandukan oge, eta teh pamere kuda! Kieu ceunah sasakala na mah.
Di leuweung nu aya di Nagri Sepanyol, hirup sakumpulan kuda. Maranehanana mindeng diudag-udag ku kasieun jeung ku kahariwang. Rek teu kitu kumaha atuh. Mun unggal poe maranehna dibeberik kunu moro. Di baroro teh lain rek diala dagingna. Tapi pikeun diadukeun jeung manusa sakitan.
Dina hiji poe, sakabeh kuda ngayakeun riungan. Maranehna baradami pikeun neangan jalan sangkan bisa hirup tingtrim, teu di beubeurik wae kunu moro.- CARITA PARAHIYANGAN
30 Nov 2001 - 1:06 am
Carita Parahiyangan teh hiji naskah kuno titilar Karuhun Urang sunda ti Galuh anu pohara munelna, ieu naskah teh luhur pisan ajen sajarahna, teu eleh ajenna najan dibandingkeun jeung pararaton atawa Nagarakretagama, nyaeta anu nyaritakeun hal ihwal katut kaayaan Singasari jeung Majapahit.
Carita Parahyiangan eusina nyarsilahkeun kaayaan pulo Djawa anu nyurug ka bagian Beulah kulon jeung sabagian ka Beulah Wetan; malah nyarsilahkeun Raja Sanjaya basa angkat ti Galuh ka tatar Wetan.
Tempat-tempat atawa daerah anu ditulis dina ieu naskah Carita Parahiyangan sabagian parantos kaungsi raratanana, sarta ti eta tempat-tempat teh loba bahan-bahan sejenna anu bias diguar.




















