Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci nyeukeutan (2)
- Ngawanohkeun: Dalih DjiunSeniman Topeng Cisalak
20 Feb 2006 - 2:31 am
Dina dunya seni hiburan geus moal bireuk ka ngaran Bokir (almarhum), pelawak lenong Betawi, kitu deui ka ngaran Mandra, Omas jeung Mastur, pelawak entragan ngora nu panginditanan tina seni topeng Betawi.
Tapi, mun nyebutkeun ngaran Dalih Djiun, pasti bakal kerung, tangtu bae da ngarana jarang midang dina telvisi, oge profesina lain pelawak. Papadaning kitu di lingkungan kasenian topeng Betawi boh di wilayah Betawi pinggiran saperti Bekasi, Tangerang, jeung Depok, boh di Betawi Tengah (kota) ngarana pada mikawanoh. Pangna dipikawanoh, sabab inyana salasaurang putra pasangan Dalih Djiun bin Dorak jeung Mak Kinang nu gede yasana mekarkeun kasenian "topeng Cisalak" katut topeng Betawi.- ABAH IWAN (Ir. Iwan Abdulrahman)"Balik ka Leuweung, indit ti Leuweung"
27 Aug 2003 - 2:59 am
Bandung teh hiji kota anu kacida unikna nu mibanda karakter sarta sipat anu mandiri. Dina hirup kumbuhna kota, Bandung geus mere "inspirasi" henteu ngan ukur ka nagara urang wae, tapi oge umumna ka sakuliah dunya. Kacida lobana gerakan kapamudaan lahir, mekar sarta ngawujud di Kota Bandung, sarta jadi "inspirasi" pikeun kota-kota sejenna di Indonesia. Teu kaitung tokoh formal sarta informal nu digedekeun ku kasomeahan kota Bandung. Diantarana sebut wae: ti Ir. Soekarno nepi ka Aa Gym.
Salahsahiji Icon dayeuh Bandung dina widang kapamudaan, di antarana moal lesot tina peran Ir. Iwan Abdulrahman. Sebut wae komunitas Wanadri, Damas, PMB, UNPAD, kasenian (salahsahijina ngaliwatan BIMBO), widang kamiliteran (Instruktur Militer), tokoh "lingkungan hidup" sarta widang-widang sejenna.