Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci pagunungan (3)
- Sarsilah Ngaran Patempatan Di Tatar SundaÉséy Dédé Kosasih
17 Aug 2005 - 10:22 am
Oléh-oléh Priangan dilingkung gunung
Majalaya, Soréang, Banjaran Bandung...
Sempalan lagu "Borondong Garing" di luhur téh ngandung déskripsi sawatara ngaran tempat nu aya di Tatar Sunda. Demi nataan ngaran-ngaran tempat téh ilaharna sok disebut toponimi. Nurutkeun kajian folklore, toponimi téh bagian tina élmu onomastika (onomastics), anu ulikanana ngawengku di antarana baé: méré ngaran jalan, ngaran atawa jujuluk jalma, ngaran kadaharan, ngaran bubuahan kaasup asal-usul (legénda) ngaran hiji tempat dumasar kana 'sajarah' ngajanggélékna.- Kampung Kuta Pantrang Nanggap Wayang
1 Dec 2004 - 4:14 am
1. KIAMAT TEH TANGTOS BAKAL KAJADIAN (:78/1,2,3,4,5) - rhs, 29 Jumadilawal 1424 H
- Assalamu'alaikum, ka muslimin wal muslimat,
asalamu'alaikum, ka mu'minin wal mu'minat. - Seja nyanggakeun nadoman, sumberna ayat Al-Qur'an,
juz anu ka tilupuluh, mugia jadi pituduh. - An-Naba' nami suratna, tujuhdalapan nomerna,
dupi nu jadi ayatna, kahiji dugi kalima, - Anu kapir teu percaya, yen kiamat bakal aya,
pajar ukur nyingsieunan,nu kapir teh seuseurian, - Padahal kiamat pasti, bakal cunduk hiji wanci,
nu uninga mung Ilahi, manusa mah moal ngarti. - Mun kiamat enggeus cunduk, nu kapir bati ngaheruk,
kakara sadar jeung eling, elingna geus elat teuing, - Nu mawi yeuh kanca mitra, urang teh wajib percaya,
engke dina hiji mangsa, kiamat pasti cundukna. - Ti ayeuna urang tobat, samemeh dongkap kiamat,
mugi Alloh ngahampura, kana samudaya dosa.
- Assalamu'alaikum, ka muslimin wal muslimat,
- Kawih Sunda II
21 May 2002 - 1:17 am
Lembur matuh, naha atuh
Milih bandung kota kembang
Bandung nu heurin ku tangtung
Sasakala sangkuriang
Dilingkung ku gunung-gunung
Gunung cupu mandala ayu
Hayu sindang ka sumedang
Ngan pacuan ngarangrangan