Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci rusiah (4)
- KECAP SESEBUTAN WAKTU
11 Jul 2002 - 7:36 am
Dina mahabuna elmu pangaweruh kiwari, umumna nu diudag teh pasualan atanapi pangaweruh anyar. Kukituna sabengbatan mah KECAP SESEBUTAN WAKTU ieu teh sapertos teu aya pupurieunana. Moal boa seueur diantawis baraya Kisunda anu lali kana sesebutan waktu ieu.
Tah, bilih teras lapur kateureuy waktu, urang pulungan deui nu tos nyarahcal maruragan laleungitan teh. Eta cenah tos teu luyu sareng paneka jaman, keun bae, da ieu mah niatna oge ngampihan. Bilih bae jaga anak incu urang nanya sesebutan waktu sapertos wanci rumangsang, sapanyeupahan atawa naon ari sataun landung teh?- NGARAN RUPA-RUPA OMONGAN
11 Jul 2002 - 5:29 am
Rupa-rupa omongan ieu teh mindeng dipake dina paguneman sapopoe. Aya nu ngaharewos, hohoak, kunyam-kunyem jeung kukulutus. Kitu deui aya oge anu sosoak jeung hog hag enggoning cumarita teh.
Kumaha kabeungharannana kecap-kecap dina Basa Sunda ieu teh? Tah, pikeun ngalarapkeunana tangtu urang perlu jentre tur merenah. Ieu rupa-rupa omongan anu biasa dipake dina paguneman sapopoe. Rupa-rupa omongan ieu oge ngebrehkeun ayana kabeungharan.- 100 BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDAKu: Drs. Tatang Sumarsono
11 Feb 2002 - 2:21 am
Babasan jeung Paribasa Sunda mangrupa bagian tina kahirupan tur milu ngajembaran Basa Sunda sarta miboga kalungguhan anu penting pikeun panyaturna. Tacan kapaluruh sacara pasti, komo mun tepi kabilangan taunna, ti mimiti iraha gelarna eta rupa-rupa babasan jeung paribasa teh; ngan wae gede kamungkinan henteu sawaktu. Dina harti, mungkin aya anu gelarna geus heubeul pisan jeung deuih anu diduga rada beh dieu. Anu dipake ukuran heubeul jeung anyar teh diantarana ungkara kecap atawa frasa, adegan kalimah, atawa eusi anu dikandungna.
- KUMPULAN SAJAK SUNDA
7 Jan 2002 - 12:26 am
Sajak Sunda umurna teh geus leuwih ti satengah abad. Kitu sotenan lamun diukur ti mimiti Kis Ws nulis sajak, dituturkeun ku KTS (Kadir Tisna Sudjana), ditema ku "Polemik" ngeunaan hak hirup sajak, sarta nepi ka baranahan tug nepi ka kiwari. Mapay lalakon nu sakitu panjangna teh, tangtu we urang bakal panggih jeung patok-patok anu kawilang tingjalegir, kayaning: Kis Ws, Sayudi, Ayip Rosidi, Surachman RM, Wahyu Wibisana, Rachmat M.Sas Karana, Usep Romli, tug nepi ka Godi Suwarna.