Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci sawarehna (2)
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 6)Al Baqarah (Surat Kadua) - ayat 94 d/k 114
17 Feb 2004 - 2:20 am
51. WAKTU KEDAH DIANGGO IBADAH (:2/94,95,96) - rhs, 4 Syawal 1421 H
- Seueur pisan nu nga'dua, hayang paranjang umurna,
Padahal mun henteu taqwa, panjang umur teh teu guna. - Panjang umur sadi siksa, lamun seug salah ngeusina,
Panjang umur teu mangpa'at, lamun henteu daek solat. - Panjang umur bari iman, eta kurnia pangeran,
Waktu dipake ibadah, umurna ge pinuh berekah. - Panjang umur eta bagja, lamun dibarengan takwa,
Hirup teh gede gunana, lamun seug bisa ngaturna.
- Seueur pisan nu nga'dua, hayang paranjang umurna,
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 3)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 31 d/k 50
9 Jan 2003 - 6:25 pm
21. MANUSA DIPAPARINAN AKAL (:2/31,32,33,34) - rhs, 3 Syawal 1421 H
- Manusa unggul darajat, dibanding jeung malaikat,
margi ku Kersa Ilahi, dipaparinan pangarti. - Dipaparinan katerang, apal ngaran barang-barang,
malaikat mah teu terang, kana ngaran barang-barang. - Eta unggulna manusa, dipaparin pangabisa,
ku Alloh Maha Kawasa, Hakim Maha Wijaksana. - Alloh Nu Maha Uninga, kana rasiahna jalma,
nu kedal mangrupi lisan, boh nu buni disimbutan.
- Manusa unggul darajat, dibanding jeung malaikat,