Hasil Pencarian

Hasil pencarian untuk kata kunci suntrungkeun (2)

Landong Baeud 2Ku : M. Nana Munajat Dahlan

3 Apr 2005 - 10:29 am

Upami saderek ngagaduhan putra anu bangor jeung badeurna nataku, tong hariwang, Gan Oman gaduh resep anu jetu.
Sayogikeun lawon hideung tilu meter, sisina kaput ku benang koneng, lajeng pilarian kembang samboja seueurna tujuh siki, omat kedah sareng gagangna, teras sayogikeun bata beureun seueurna gumantung kana weton putra Bapa.

Kampung Kuta Pantrang Nanggap Wayang

1 Dec 2004 - 4:14 am

1. KIAMAT TEH TANGTOS BAKAL KAJADIAN (:78/1,2,3,4,5) - rhs, 29 Jumadilawal 1424 H


  • Assalamu'alaikum, ka muslimin wal muslimat,
    asalamu'alaikum, ka mu'minin wal mu'minat.
  • Seja nyanggakeun nadoman, sumberna ayat Al-Qur'an,
    juz anu ka tilupuluh, mugia jadi pituduh.
  • An-Naba' nami suratna, tujuhdalapan nomerna,
    dupi nu jadi ayatna, kahiji dugi kalima,
  • Anu kapir teu percaya, yen kiamat bakal aya,
    pajar ukur nyingsieunan,nu kapir teh seuseurian,
  • Padahal kiamat pasti, bakal cunduk hiji wanci,
    nu uninga mung Ilahi, manusa mah moal ngarti.
  • Mun kiamat enggeus cunduk, nu kapir bati ngaheruk,
    kakara sadar jeung eling, elingna geus elat teuing,
  • Nu mawi yeuh kanca mitra, urang teh wajib percaya,
    engke dina hiji mangsa, kiamat pasti cundukna.
  • Ti ayeuna urang tobat, samemeh dongkap kiamat,
    mugi Alloh ngahampura, kana samudaya dosa.