Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci tenjo (11)
- Dongeng Sasakala: CIKA-CIKA
18 Feb 2002 - 7:31 am
Jaman baheula-baheula ge baheula deui aya hiji lembur anu gegek jiwana. Pangeusi eta lembur, meh kabeh jelema carukup. Demi pangupajiwana kana karajinan ngabatik.
Kacaritakeun di eta lembur aya hiji randa boga anak awewe ngaran Marini. Nyi Marini ku indungna pohara dipiasihna, lantaran rajin jeung suhud ngabantuan pagawean indungna. Pagawean di dapur jeung di imah kabeh ditangkes ku manehna. Malah kalan-kalan Nyi Marini sok ngabantuan indungna ngabatik.- BEREGEJED I
14 Feb 2002 - 4:11 am
Dina kareta api Bandung-Banjar, aya nini-nini diuk pahareup-hareup jeung pamuda.
"Punten wae, Encep, Nini bade tumaros. Dupi Encep teh Roy Marten tea?"
"Sanes, Nini. Abdi mah Uned," tembal si pamuda.
Sanggeus tepi ka Cicalengka, si nini nanya deui, "leres Encep teh sanes Roy Marten?"
"Ituh, disanes-sanes teh. Abdi mah Uned," tembalna deui.
Barang geus tepi ka Ciamis, geus pok deui nini-nini teh nanya, "Encep teh leres Roy Marten, nya?"
"Enya atuh, Nini," tembalna, semu keuheul.
"Tapi," ceuk si nini, "naha nya encep mah teu siga Roy Marten."- Dongeng Sasakala: GAGAK JADI HIDEUNG
11 Feb 2002 - 2:29 am
Jaman baheula aya oray sanca keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna beulah dieu dibeulitkeun kana pancuh tambakan. Awakna malang dina balong tea, tuluy diayunkeun…geblok, geblok we caina ditawu, cara nawu ku gobang panjang.
- 100 BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDAKu: Drs. Tatang Sumarsono
11 Feb 2002 - 2:21 am
Babasan jeung Paribasa Sunda mangrupa bagian tina kahirupan tur milu ngajembaran Basa Sunda sarta miboga kalungguhan anu penting pikeun panyaturna. Tacan kapaluruh sacara pasti, komo mun tepi kabilangan taunna, ti mimiti iraha gelarna eta rupa-rupa babasan jeung paribasa teh; ngan wae gede kamungkinan henteu sawaktu. Dina harti, mungkin aya anu gelarna geus heubeul pisan jeung deuih anu diduga rada beh dieu. Anu dipake ukuran heubeul jeung anyar teh diantarana ungkara kecap atawa frasa, adegan kalimah, atawa eusi anu dikandungna.
- WANGSIT TI BATU TULIS BOGORTanggal: 28 Desember 1987. Katampi ku: R. Hidayat Suryalaga.
25 Sep 2001 - 5:16 am
Ieu cutatan sabagian wangsit ti Batu Tulis Bogor:
Pek hanjat ti Cimawati, mawat diri kana pakemitan. Jog ka lebak Tenjolaya nenjo kadaton nu kari tapakna sabab harita oge geus kari ngaran Pajajaran teh. Jol ka Gunung Emas, di dinya melakkeun pangawasaan. Sarta kula kedal lisan: "Kula gelar di Buana Pancatengah tadah parentah Sang Tunggal, nyieun tunggul ciri nagri dayeuhna Pajajaran di Galuh Pakuan”.




















