Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci anjeunna (11)
- Geus nepi kana UganaKu Dédé Kosasih
17 Aug 2005 - 10:27 am
Hiji peristiwa 'monuméntal' geus diguratkeun ku mangsi emas dina leunjeuran sajarah bangsa Indonésia, nyaéta ku lumangsungna pilprés kalayan suksés, aman, langsung tur démokratis. Hasilna, pada-pada kasaksén yén SB. Yudhoyono resmi jadi papayung agung bangsa Indonésia 2004-2009, sabada nyangking mandat rayat dina Pilprés II dina tgl 20 Séptémber 2004. Nya ieu meureun geus nepi kana ugana téh. Mungguh cék Bah Usin téa mah geus jadi guratan nasib jeung takdir hiji mahluk luyu jeung tutulisan ti Loh Mahpudna.
Geus nepi kana ugana. Ieu ungkara téh bet jadi ngahudang tineung. Jol ras baé inget kana kapercayaan kolot urang baheula, ngeunaan uga. Ari uga dina konsépsi masarakat Sunda raket patalina jeung sistim kapercayaan minangka tujuman (ramalan) parakaruhun baheula utamana kana parobahan sosial politik nagara nu bakal datang. Sakumaha nu kaunggel dina: uga Bandung, uga Galunggung, uga Banten jeung uga Kawasén. Upamana, cék uga Galunggung, cenah: Sunda bakal nanjung mun pulung geus turun ti Galunggung.- Poyok UngkalÉséy Dédé Kosasih
17 Aug 2005 - 10:19 am
Ungkal téh lembur di wewengkon Conggéang, Sumedang. Mun Maronggé sohor ku pélétna. Ungkal mah kaceluk ku poyokna. Kapan aya nu disebut poyok Ungkal. Paribasa, tukang cegékan urang Ungkal mah.
Naha bener kitu éta téh? Sigana, puyak-poyok mah saréréa gé osok. Naha urang Ungkal naha urang Tagogapu, sahanteuna kungsi moyok. Ngan, poyokna kawas kumaha?
Rada nenggang ti nu séjén. Urang Ungkal miboga tradisi anu mandiri tumali jeung carana ngedalkeun pamoyokna kalawan simbolis. Ari eusi pamoyokna biasana tara leupas tina kekecapan anu lega rambat kamaléna. Ana pok moyok, bet teu jiga-jiga.- ABAH IWAN (Ir. Iwan Abdulrahman)"Balik ka Leuweung, indit ti Leuweung"
27 Aug 2003 - 2:59 am
Bandung teh hiji kota anu kacida unikna nu mibanda karakter sarta sipat anu mandiri. Dina hirup kumbuhna kota, Bandung geus mere "inspirasi" henteu ngan ukur ka nagara urang wae, tapi oge umumna ka sakuliah dunya. Kacida lobana gerakan kapamudaan lahir, mekar sarta ngawujud di Kota Bandung, sarta jadi "inspirasi" pikeun kota-kota sejenna di Indonesia. Teu kaitung tokoh formal sarta informal nu digedekeun ku kasomeahan kota Bandung. Diantarana sebut wae: ti Ir. Soekarno nepi ka Aa Gym.
Salahsahiji Icon dayeuh Bandung dina widang kapamudaan, di antarana moal lesot tina peran Ir. Iwan Abdulrahman. Sebut wae komunitas Wanadri, Damas, PMB, UNPAD, kasenian (salahsahijina ngaliwatan BIMBO), widang kamiliteran (Instruktur Militer), tokoh "lingkungan hidup" sarta widang-widang sejenna.- SAHA ARI URANG SUNDA TEHH.R. Hidayat Suryalaga
23 Jul 2003 - 10:57 pm
Hiji waktu nu geus kalaiwat dina riungan para tokoh Urang Sunda jeung sawatara anggota DPRD Prop. Jabar basa ngabahas "milih pigupernureun/wagup Prop. Jabar", ti antara anu hadir aya nu nanyakeun ka anggota DPRD Prop. Jabar tea, saha jeung nu kumaha anu disebut SUNDA teh. Ti antara anggota DPRD Prop. Jabar nu aya harita saurang oge taya nu bisa nerangkeun kalawan jentre. Ieu kaaayan teh ngagambarkeun yen wawakil rayat Sunda teh dina buktina mah henteu apaleun kana saha jeung naon anu diwakilanana. Estu pikasediheun pisan. wawakil urang Sunda teu ngartieun kana saha jeung naon ari SUNDA teh.
- UPACARA NGARAS INgawasuh Dampal Sampean Ibu & Rama ku Putrana dina Runtuyan Upacara Nikah Adat Sunda
7 Oct 2002 - 1:39 am
Dina danget ayeuna, upacara Ngaras, parantos prah diaranggo, pangpangna ku juru rias, sareng para ahli nu ngajejeran upacara nikah adat Sunda boh di dayeuh boh di pilemburan. Malah parantos ngawitan aya seler bangsa (etnis) non Sunda, anu "kabita" ku upacara ngaras. Dugi ka-anjeunna palay ngalaksanakeun upacara ngaras nalika nikahkeun putra-putrana. Sim kuring pribadi nyiptakeun upacara ngaras teh taun 1983. Ti harita mah kaetang sering ngajejeran acara ngaras di lingkungan urang Sunda, kantos oge ngalaksanakeun upacara ngaras di lingkungan kulawarga (etnis) Betawi, Jawa, Padang, Batak, Menado, Bengkulu, Palembang, malah kantos nu salasawios pangantenna bangsa Perancis, Amerika, Jepang sareng Cina, nanging anu parantos ngagem agama Islam; margi ieu upacara ti awitna mula pamianganana teh tina ajen-inajen anu Islami.