Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci dadak (11)
- Kampung Kuta Pantrang Nanggap Wayang
20 Feb 2006 - 2:34 am
Ku sabab bareto panganten awewe diiwat ku dalang wayang, atuh ti harita karuhun Kampung Kuta ragrag ucap, cadu di lembur nanggap wayang.
Kampung Kuta sacara administratif kaasup ka Desa Pasir angin, Kacamatan Tambaksari, Kabupaten Ciamis. Lemburna teu pati lega, kitu deui jumlah pendudukna. Kahirupan wargana tina tatanen jeung nyadap kawung. Nu ngatur kahirupan warga, keur kapentingan pamarentahan diatur ku RT, RW jeung Kepala Dusun, sedengkeun urusan adat dipupuhuan ku Kuncen jeung kepala adat.- Ngawanohkeun: Dalih DjiunSeniman Topeng Cisalak
20 Feb 2006 - 2:31 am
Dina dunya seni hiburan geus moal bireuk ka ngaran Bokir (almarhum), pelawak lenong Betawi, kitu deui ka ngaran Mandra, Omas jeung Mastur, pelawak entragan ngora nu panginditanan tina seni topeng Betawi.
Tapi, mun nyebutkeun ngaran Dalih Djiun, pasti bakal kerung, tangtu bae da ngarana jarang midang dina telvisi, oge profesina lain pelawak. Papadaning kitu di lingkungan kasenian topeng Betawi boh di wilayah Betawi pinggiran saperti Bekasi, Tangerang, jeung Depok, boh di Betawi Tengah (kota) ngarana pada mikawanoh. Pangna dipikawanoh, sabab inyana salasaurang putra pasangan Dalih Djiun bin Dorak jeung Mak Kinang nu gede yasana mekarkeun kasenian "topeng Cisalak" katut topeng Betawi.- Ngaruat di Ciburuy ku Kaset Ketuk Tilu
20 Feb 2006 - 2:30 am
Mun tas aya nu cilaka di Situ Ciburuy kudu ngaruat bari nanggap ketuk tilu. Ngan ku sabab kasenian ketuk tilu kiwari geus langka, atuh ngaruat teh cukup nyetel kasetna we wungkul.
Sigana pikeun urang Sunda mah pada apal kana lagu "Bubuy Bulan" anu rumpakana : Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang, panon poe, panon poe disasate, unggal bulan, unggal bulan abdi teang, unggal poe, unggal poe oge hade. Situ Ciburuy laukna hese dipancing.. jeung saterusna.- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 30 (bagian 2)Tina Surat AN NAZIAAT (Malaikat anu Ngadudut Roh) - Surat Katujuhpuluh salapan - ayat 1 d/k 46
20 Dec 2004 - 12:33 pm
15. SAKARATNA JELEMA ANU KAPIR KACIDA PIKAWATIREUNANA (:79/1) - rhs, 17 Jumadilahir 1428 H
- Sakaratna jalma kapir, estuning ku matak watir,
ku Ijroil digebugan, anu kapir diteunggeulan. - Digebugan sahabekna, sangkan ka luar nyawana,
nyawana mugen embungeun, sieun dika-narakakeun. - Si nyawa didudut tarik, nyawa teh ngajerit ceurik,
tingkoceak sosongkolan, sakaratna nu teu iman. - Naha atuh maneh kapir, teu inget engke di ahir,
bakal pinanggih jeung maot, dipapag malakal maot. - Sanajan ampun-ampunan, enggeus euweuh kasempetan,
tobatna geus elat teuing, naha baheula teu eling. - Tarima bae buktina, sabab teu iman teu takwa,
marukan teh bakal lana, langgeng rek hirup di dunya. - Na naon nu diteangan, ngumbar napsu tetemenan,
terang-terang geus lekasan, malakalmaot nungguan.
- Sakaratna jalma kapir, estuning ku matak watir,
- Kampung Kuta Pantrang Nanggap Wayang
1 Dec 2004 - 4:14 am
1. KIAMAT TEH TANGTOS BAKAL KAJADIAN (:78/1,2,3,4,5) - rhs, 29 Jumadilawal 1424 H
- Assalamu'alaikum, ka muslimin wal muslimat,
asalamu'alaikum, ka mu'minin wal mu'minat. - Seja nyanggakeun nadoman, sumberna ayat Al-Qur'an,
juz anu ka tilupuluh, mugia jadi pituduh. - An-Naba' nami suratna, tujuhdalapan nomerna,
dupi nu jadi ayatna, kahiji dugi kalima, - Anu kapir teu percaya, yen kiamat bakal aya,
pajar ukur nyingsieunan,nu kapir teh seuseurian, - Padahal kiamat pasti, bakal cunduk hiji wanci,
nu uninga mung Ilahi, manusa mah moal ngarti. - Mun kiamat enggeus cunduk, nu kapir bati ngaheruk,
kakara sadar jeung eling, elingna geus elat teuing, - Nu mawi yeuh kanca mitra, urang teh wajib percaya,
engke dina hiji mangsa, kiamat pasti cundukna. - Ti ayeuna urang tobat, samemeh dongkap kiamat,
mugi Alloh ngahampura, kana samudaya dosa.
- Assalamu'alaikum, ka muslimin wal muslimat,