Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci harita (43)
- Dongeng Sasakala: GAGAK JADI HIDEUNG
11 Feb 2002 - 2:29 am
Jaman baheula aya oray sanca keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna beulah dieu dibeulitkeun kana pancuh tambakan. Awakna malang dina balong tea, tuluy diayunkeun…geblok, geblok we caina ditawu, cara nawu ku gobang panjang.
- Dongeng Sasakala: LELE PAMATILAN
11 Feb 2002 - 2:28 am
Jaman baheula mah lauk nu pangranggetengna teh mujaer, eukeur mah awakna gede, turug-turug boga pakarang, gerakanana rancingeus. Dina tonggongna aya nu rangseb tur boga pamatil. Tong boro bangsa lauk keneh, dalah jelema oge ngarasa sieun ari dipatil mah.
- LAGU-LAGU PANAMBIH TEMBANG SUNDA(Manglean II)
5 Feb 2002 - 10:10 pm
Lagu-Lagu Panambih biasa digunakeun nalika mamaos Cianjuran/Tembang Sunda. Biasana upami parantos nembangkeun lagu poko nembe ditema ku lagu Panambih. Waditra nu mirigna iwal ti kacapi indung disarengan ku rincik, suling atanapi rebab.
Kapungkur mah anu sok nembangkeun lagu panambih teh mung juru mamaos istri, nanging ayeuna mah juru mamaos pameget oge sok pirajeunan ngiring nembangkeun lagu Panambih. Istilah lagu Panambih kapungkur sok disebat oge lagu Ekstra husus dianggo dina istilah tembang Sunda/Cianjuran, da upami piriganana ku kiliningan atanpi waditra nu liana mah disebat lagu Kawih bae. Kanggo anu seneng Tembang Sunda/Cianjuran sumangga dihaturanan ngahariring lagu Panambih dina Manglean ka-II.- KUMPULAN SAJAK SUNDA
7 Jan 2002 - 12:26 am
Sajak Sunda umurna teh geus leuwih ti satengah abad. Kitu sotenan lamun diukur ti mimiti Kis Ws nulis sajak, dituturkeun ku KTS (Kadir Tisna Sudjana), ditema ku "Polemik" ngeunaan hak hirup sajak, sarta nepi ka baranahan tug nepi ka kiwari. Mapay lalakon nu sakitu panjangna teh, tangtu we urang bakal panggih jeung patok-patok anu kawilang tingjalegir, kayaning: Kis Ws, Sayudi, Ayip Rosidi, Surachman RM, Wahyu Wibisana, Rachmat M.Sas Karana, Usep Romli, tug nepi ka Godi Suwarna.
- CARITA PARAHIYANGAN
30 Nov 2001 - 1:06 am
Carita Parahiyangan teh hiji naskah kuno titilar Karuhun Urang sunda ti Galuh anu pohara munelna, ieu naskah teh luhur pisan ajen sajarahna, teu eleh ajenna najan dibandingkeun jeung pararaton atawa Nagarakretagama, nyaeta anu nyaritakeun hal ihwal katut kaayaan Singasari jeung Majapahit.
Carita Parahyiangan eusina nyarsilahkeun kaayaan pulo Djawa anu nyurug ka bagian Beulah kulon jeung sabagian ka Beulah Wetan; malah nyarsilahkeun Raja Sanjaya basa angkat ti Galuh ka tatar Wetan.
Tempat-tempat atawa daerah anu ditulis dina ieu naskah Carita Parahiyangan sabagian parantos kaungsi raratanana, sarta ti eta tempat-tempat teh loba bahan-bahan sejenna anu bias diguar.




















