Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci inggih (3)
- Geus nepi kana UganaKu Dédé Kosasih
17 Aug 2005 - 10:27 am
Hiji peristiwa 'monuméntal' geus diguratkeun ku mangsi emas dina leunjeuran sajarah bangsa Indonésia, nyaéta ku lumangsungna pilprés kalayan suksés, aman, langsung tur démokratis. Hasilna, pada-pada kasaksén yén SB. Yudhoyono resmi jadi papayung agung bangsa Indonésia 2004-2009, sabada nyangking mandat rayat dina Pilprés II dina tgl 20 Séptémber 2004. Nya ieu meureun geus nepi kana ugana téh. Mungguh cék Bah Usin téa mah geus jadi guratan nasib jeung takdir hiji mahluk luyu jeung tutulisan ti Loh Mahpudna.
Geus nepi kana ugana. Ieu ungkara téh bet jadi ngahudang tineung. Jol ras baé inget kana kapercayaan kolot urang baheula, ngeunaan uga. Ari uga dina konsépsi masarakat Sunda raket patalina jeung sistim kapercayaan minangka tujuman (ramalan) parakaruhun baheula utamana kana parobahan sosial politik nagara nu bakal datang. Sakumaha nu kaunggel dina: uga Bandung, uga Galunggung, uga Banten jeung uga Kawasén. Upamana, cék uga Galunggung, cenah: Sunda bakal nanjung mun pulung geus turun ti Galunggung.- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 30 (bagian 2)Tina Surat AN NAZIAAT (Malaikat anu Ngadudut Roh) - Surat Katujuhpuluh salapan - ayat 1 d/k 46
20 Dec 2004 - 12:33 pm
15. SAKARATNA JELEMA ANU KAPIR KACIDA PIKAWATIREUNANA (:79/1) - rhs, 17 Jumadilahir 1428 H
- Sakaratna jalma kapir, estuning ku matak watir,
ku Ijroil digebugan, anu kapir diteunggeulan. - Digebugan sahabekna, sangkan ka luar nyawana,
nyawana mugen embungeun, sieun dika-narakakeun. - Si nyawa didudut tarik, nyawa teh ngajerit ceurik,
tingkoceak sosongkolan, sakaratna nu teu iman. - Naha atuh maneh kapir, teu inget engke di ahir,
bakal pinanggih jeung maot, dipapag malakal maot. - Sanajan ampun-ampunan, enggeus euweuh kasempetan,
tobatna geus elat teuing, naha baheula teu eling. - Tarima bae buktina, sabab teu iman teu takwa,
marukan teh bakal lana, langgeng rek hirup di dunya. - Na naon nu diteangan, ngumbar napsu tetemenan,
terang-terang geus lekasan, malakalmaot nungguan.
- Sakaratna jalma kapir, estuning ku matak watir,
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 2)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 19 d/k 30
20 Dec 2002 - 1:11 am
11. CAHAYA KILAT SAJORELAT (:2/19) - rhs, 2 Syawal 1421 H
- Pareng leumpang tengah peuting, poek mongkleng sepi jempling,
ngadadak baranyay kilat, serab kilat sajorelat. - Jelebet sorana tarik, dunya eundeur rek tibalik,
tinggorowok tingkoceak, asa kiamat ngadadak. - Gelap dor-dar tingjelegur, dunya asa arek lebur,
nu munapek tingjarerit, sieun maot jadi mayit. - Careurik aluk-alukan, anak bojo dicalukan,
tapi taya nu nembalan, hayang salamet sorangan. - Kitu misil nu munapek, leumpang ngatog di nu poek,
uyup-ayap rungah-ringeuh, hatena tagiwur riweuh. - Nu munapek lolong hate, teu apal goreng jeung hade,
cilaka estu cilaka, nu munapek ka naraka. - Alloh Nu Maha Ngamurba, ngamurba ka sadayana,
sadaya mahluk Mantenna, Alloh Nu Maha Kawasa.
- Pareng leumpang tengah peuting, poek mongkleng sepi jempling,