Hasil Pencarian

Hasil pencarian untuk kata kunci kantenan (3)

PANATARAN UNDAK-USUK BASA SUNDA

3 Mar 2005 - 5:06 pm

Saha wae, urang mana wae ge tiasa ngiring panataran bari henteu kasengker ku yuswa, pendidikan sareng kalungguhan. Lamina panataran 3 dinten @ 2 jam, ti tabuh 10.00 - 12.00 WIB. Tempatna di Caraka Sundanologi, Jalan Naripan 7, Bandung.

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 3)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 31 d/k 50

9 Jan 2003 - 6:25 pm

21. MANUSA DIPAPARINAN AKAL (:2/31,32,33,34) - rhs, 3 Syawal 1421 H


  • Manusa unggul darajat, dibanding jeung malaikat,
    margi ku Kersa Ilahi, dipaparinan pangarti.
  • Dipaparinan katerang, apal ngaran barang-barang,
    malaikat mah teu terang, kana ngaran barang-barang.
  • Eta unggulna manusa, dipaparin pangabisa,
    ku Alloh Maha Kawasa, Hakim Maha Wijaksana.
  • Alloh Nu Maha Uninga, kana rasiahna jalma,
    nu kedal mangrupi lisan, boh nu buni disimbutan.

NGAGUAR MANGSA NGADEGNA UNPADKu: H. Apep Syafei

1 May 2002 - 5:54 am

Sok sanajan geus rawun da bongan sok masih keneh hayang bucu-baca komo mun seug nu dibaca teh aya patula patalina jeung pangalaman nu kungsi karandapan ku sorangan, dina palebah nu nulis macaan sajarah-sajarah Unpad boh Paguyuban Pasundan ngan ukur bisa seuri koneng ari margina ceuk raraosan upami di ibaratkeun mah teu benten sareng nongton Asep Sunarya barang bray teh ujug-ujug ger teh Gatotgaca keur perang jadi teu terang naon sababna.

Tah kukituna barang pun incu nerangkeun yen internet tiasa jadi alat informasi sareng komunikasi jorojoy hoyong kutrat- kotret saperti jaman keur ngora susuganan bae aya paedahna keur sarerea. Jaman keur jadi tukang nyadapan warta di koran "Sipatahoenan" (1950/1960).