Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci leungit (22)
- HAMBURGER, BASO, YAKINIKU JEUNG SINDANG RERETKu: Achmad Roestandi
26 Feb 2002 - 2:32 am
Kiwari kasaksian ku sarerea, dahareun anu khas Sunda mimiti kasilih ku dahareun bangsa deungeun, kayaning baso, siomay, bapau, hamburger, fried chicken, yakiniku, sabu-sabu, tempura jeung sabangsana. Sedengkeun lotek (ketang bisa jadi baheula mah lotek ge lain khas Sunda, da ngaranna ge bau-bau Cina, ngan ku proses akulturasi jeung asimilasi ayeuna geus jadi kadaharan khas Sunda), karedok, angeun haseum, sarupaning papaisan, pindang, opak sanajan aya keneh nu ngajual tapi di kota mah geus eleh ku kaolahan deungeun-deungeun. Malah sigana mah, barudak Sunda ayeuna, boa-boa geus moal wawuheun kana cuhcur, angleng atawa gurandil teh.
- Dongeng Sasakala: CIKA-CIKA
18 Feb 2002 - 7:31 am
Jaman baheula-baheula ge baheula deui aya hiji lembur anu gegek jiwana. Pangeusi eta lembur, meh kabeh jelema carukup. Demi pangupajiwana kana karajinan ngabatik.
Kacaritakeun di eta lembur aya hiji randa boga anak awewe ngaran Marini. Nyi Marini ku indungna pohara dipiasihna, lantaran rajin jeung suhud ngabantuan pagawean indungna. Pagawean di dapur jeung di imah kabeh ditangkes ku manehna. Malah kalan-kalan Nyi Marini sok ngabantuan indungna ngabatik.- 100 BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDAKu: Drs. Tatang Sumarsono
11 Feb 2002 - 2:21 am
Babasan jeung Paribasa Sunda mangrupa bagian tina kahirupan tur milu ngajembaran Basa Sunda sarta miboga kalungguhan anu penting pikeun panyaturna. Tacan kapaluruh sacara pasti, komo mun tepi kabilangan taunna, ti mimiti iraha gelarna eta rupa-rupa babasan jeung paribasa teh; ngan wae gede kamungkinan henteu sawaktu. Dina harti, mungkin aya anu gelarna geus heubeul pisan jeung deuih anu diduga rada beh dieu. Anu dipake ukuran heubeul jeung anyar teh diantarana ungkara kecap atawa frasa, adegan kalimah, atawa eusi anu dikandungna.
- LAGU-LAGU PANAMBIH TEMBANG SUNDA(Manglean II)
5 Feb 2002 - 10:10 pm
Lagu-Lagu Panambih biasa digunakeun nalika mamaos Cianjuran/Tembang Sunda. Biasana upami parantos nembangkeun lagu poko nembe ditema ku lagu Panambih. Waditra nu mirigna iwal ti kacapi indung disarengan ku rincik, suling atanapi rebab.
Kapungkur mah anu sok nembangkeun lagu panambih teh mung juru mamaos istri, nanging ayeuna mah juru mamaos pameget oge sok pirajeunan ngiring nembangkeun lagu Panambih. Istilah lagu Panambih kapungkur sok disebat oge lagu Ekstra husus dianggo dina istilah tembang Sunda/Cianjuran, da upami piriganana ku kiliningan atanpi waditra nu liana mah disebat lagu Kawih bae. Kanggo anu seneng Tembang Sunda/Cianjuran sumangga dihaturanan ngahariring lagu Panambih dina Manglean ka-II.- SILIH ASIH, SILIH ASAH, SILIH ASUH (2)Ku: Hidayat Suryalaga
6 Sep 2001 - 10:06 am
Konsep dasar silih asah nyaeta silih tambahan kanyaho, silih seukeutan elmu pangaweruh, silih tambahan pangalaman. Ningkatkeun kamaheran jeung ningkatkeun kualitas mikir pikeun ngungkulan tangtangan atawa masalah nu disanghareupan.




















