Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci nginum (9)
- SISINDIRAN DI MASARAKAT SUNDAKu: Drs. Budi Rahayu Tamsyah
8 Mar 2002 - 7:34 am
Syarif Amin dina bukuna Di Lembur Kuring (1964), kalawan tembres netelakeun kumaha dalitna urang Sunda alam harita, alam sabada merdeka kana sisindiran
Upama caang bulan, diburuan teh rame ku para mojang. Sakumaha biasa, upama aya awewe ngariung di buruan, piraku euweuh lalaki anu ngadeukeutan. Geus puguh anu kabeneran giliran ngaronda, anu lain oge kangaran bujang mah sok bae hayang milu aub.
Dina kasempetan anu saperti kieu, zaman harita mah mojang jeung jajaka teh silih tempas nembrakeun eusi hatena make sisindiran.- BEREGEJED I
14 Feb 2002 - 4:11 am
Dina kareta api Bandung-Banjar, aya nini-nini diuk pahareup-hareup jeung pamuda.
"Punten wae, Encep, Nini bade tumaros. Dupi Encep teh Roy Marten tea?"
"Sanes, Nini. Abdi mah Uned," tembal si pamuda.
Sanggeus tepi ka Cicalengka, si nini nanya deui, "leres Encep teh sanes Roy Marten?"
"Ituh, disanes-sanes teh. Abdi mah Uned," tembalna deui.
Barang geus tepi ka Ciamis, geus pok deui nini-nini teh nanya, "Encep teh leres Roy Marten, nya?"
"Enya atuh, Nini," tembalna, semu keuheul.
"Tapi," ceuk si nini, "naha nya encep mah teu siga Roy Marten."- 100 BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDAKu: Drs. Tatang Sumarsono
11 Feb 2002 - 2:21 am
Babasan jeung Paribasa Sunda mangrupa bagian tina kahirupan tur milu ngajembaran Basa Sunda sarta miboga kalungguhan anu penting pikeun panyaturna. Tacan kapaluruh sacara pasti, komo mun tepi kabilangan taunna, ti mimiti iraha gelarna eta rupa-rupa babasan jeung paribasa teh; ngan wae gede kamungkinan henteu sawaktu. Dina harti, mungkin aya anu gelarna geus heubeul pisan jeung deuih anu diduga rada beh dieu. Anu dipake ukuran heubeul jeung anyar teh diantarana ungkara kecap atawa frasa, adegan kalimah, atawa eusi anu dikandungna.
- SABDA MUTIARA TI TATAR SUNDA
6 Sep 2001 - 12:00 am
Kalayan geter, nu ngaweuh aubing wujud, kereteg ati ngucapkeun syukur.
Rehing ngalangkungan SundaNet.Com, parantos tiasa kapedalkeun catetan wejangan-wejangan amanat para kasepuhan ti Tatar Sunda, anu digelaran ku Sabda Mutiarana Kasepuhan ti Cinunuk Garut sarta saterasna Insya Allah sabda-sabda sanesna.




















