Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci payuneun (3)
- Kampung Kuta Pantrang Nanggap Wayang
1 Dec 2004 - 4:14 am
1. KIAMAT TEH TANGTOS BAKAL KAJADIAN (:78/1,2,3,4,5) - rhs, 29 Jumadilawal 1424 H
- Assalamu'alaikum, ka muslimin wal muslimat,
asalamu'alaikum, ka mu'minin wal mu'minat. - Seja nyanggakeun nadoman, sumberna ayat Al-Qur'an,
juz anu ka tilupuluh, mugia jadi pituduh. - An-Naba' nami suratna, tujuhdalapan nomerna,
dupi nu jadi ayatna, kahiji dugi kalima, - Anu kapir teu percaya, yen kiamat bakal aya,
pajar ukur nyingsieunan,nu kapir teh seuseurian, - Padahal kiamat pasti, bakal cunduk hiji wanci,
nu uninga mung Ilahi, manusa mah moal ngarti. - Mun kiamat enggeus cunduk, nu kapir bati ngaheruk,
kakara sadar jeung eling, elingna geus elat teuing, - Nu mawi yeuh kanca mitra, urang teh wajib percaya,
engke dina hiji mangsa, kiamat pasti cundukna. - Ti ayeuna urang tobat, samemeh dongkap kiamat,
mugi Alloh ngahampura, kana samudaya dosa.
- Assalamu'alaikum, ka muslimin wal muslimat,
- BEREGEJED III
15 May 2002 - 1:56 am
Waktu Ki Sanip keur ngasuh incuna anu umur lima taun, kalayang teh aya langlayangan leupas luhureunana.
"Udag, Ki, Udag!" ceuk incuna bari nyurung-nyurung incuna.
Sabenerna Ki Sanip teh geus kolot, geus bongkok.
Leumpang ge dongko komo ieu kudu lumpat. Tapi dasar nyaah ka incu, ngan beretek we manehna lumpat ngudag langlayangan. Tapi hanjakal teu hasil.
Bari renghap ranjung manehna nyamperkeun incuna.
"Lapur Cu, teu kaudag."
"Tuda Aki mah salah. Lumpatna bari jeung dongko sagala. Pan geus puguh langlayangan mah diluhur, teu kudu dodongkoan siga neangan duit leungit, Ki!" ceuk incuna, ngagelendeng semu nu keuheul pisan.- NGAGUAR MANGSA NGADEGNA UNPADKu: H. Apep Syafei
1 May 2002 - 5:54 am
Sok sanajan geus rawun da bongan sok masih keneh hayang bucu-baca komo mun seug nu dibaca teh aya patula patalina jeung pangalaman nu kungsi karandapan ku sorangan, dina palebah nu nulis macaan sajarah-sajarah Unpad boh Paguyuban Pasundan ngan ukur bisa seuri koneng ari margina ceuk raraosan upami di ibaratkeun mah teu benten sareng nongton Asep Sunarya barang bray teh ujug-ujug ger teh Gatotgaca keur perang jadi teu terang naon sababna.
Tah kukituna barang pun incu nerangkeun yen internet tiasa jadi alat informasi sareng komunikasi jorojoy hoyong kutrat- kotret saperti jaman keur ngora susuganan bae aya paedahna keur sarerea. Jaman keur jadi tukang nyadapan warta di koran "Sipatahoenan" (1950/1960).




















