Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci peuting (24)
- Sarsilah Ngaran Patempatan Di Tatar SundaÉséy Dédé Kosasih
17 Aug 2005 - 10:22 am
Oléh-oléh Priangan dilingkung gunung
Majalaya, Soréang, Banjaran Bandung...
Sempalan lagu "Borondong Garing" di luhur téh ngandung déskripsi sawatara ngaran tempat nu aya di Tatar Sunda. Demi nataan ngaran-ngaran tempat téh ilaharna sok disebut toponimi. Nurutkeun kajian folklore, toponimi téh bagian tina élmu onomastika (onomastics), anu ulikanana ngawengku di antarana baé: méré ngaran jalan, ngaran atawa jujuluk jalma, ngaran kadaharan, ngaran bubuahan kaasup asal-usul (legénda) ngaran hiji tempat dumasar kana 'sajarah' ngajanggélékna.- Landong Baeud 1Ku : M. Nana Munajat Dahlan
3 Apr 2005 - 10:26 am
Ceuk kolot mun lalajo wayang golek poma ulah balik mun ki dalang can cacap nutugkeun carita. Mun di pungpang atawa ngalanggar kana eta caritaan bakal dipegat ku sandekala.
Eta oge lain teu inget kana eta caritaan, balik soteh inget kana dagangan nu kudu diiderkeun ka pasar subuh-subuh. Matak Jang Usro maksakeun balik jam dua welas peuting dina tengah garapan dalang.- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 30 (bagian 2)Tina Surat AN NAZIAAT (Malaikat anu Ngadudut Roh) - Surat Katujuhpuluh salapan - ayat 1 d/k 46
20 Dec 2004 - 12:33 pm
15. SAKARATNA JELEMA ANU KAPIR KACIDA PIKAWATIREUNANA (:79/1) - rhs, 17 Jumadilahir 1428 H
- Sakaratna jalma kapir, estuning ku matak watir,
ku Ijroil digebugan, anu kapir diteunggeulan. - Digebugan sahabekna, sangkan ka luar nyawana,
nyawana mugen embungeun, sieun dika-narakakeun. - Si nyawa didudut tarik, nyawa teh ngajerit ceurik,
tingkoceak sosongkolan, sakaratna nu teu iman. - Naha atuh maneh kapir, teu inget engke di ahir,
bakal pinanggih jeung maot, dipapag malakal maot. - Sanajan ampun-ampunan, enggeus euweuh kasempetan,
tobatna geus elat teuing, naha baheula teu eling. - Tarima bae buktina, sabab teu iman teu takwa,
marukan teh bakal lana, langgeng rek hirup di dunya. - Na naon nu diteangan, ngumbar napsu tetemenan,
terang-terang geus lekasan, malakalmaot nungguan.
- Sakaratna jalma kapir, estuning ku matak watir,
- Kampung Kuta Pantrang Nanggap Wayang
1 Dec 2004 - 4:14 am
1. KIAMAT TEH TANGTOS BAKAL KAJADIAN (:78/1,2,3,4,5) - rhs, 29 Jumadilawal 1424 H
- Assalamu'alaikum, ka muslimin wal muslimat,
asalamu'alaikum, ka mu'minin wal mu'minat. - Seja nyanggakeun nadoman, sumberna ayat Al-Qur'an,
juz anu ka tilupuluh, mugia jadi pituduh. - An-Naba' nami suratna, tujuhdalapan nomerna,
dupi nu jadi ayatna, kahiji dugi kalima, - Anu kapir teu percaya, yen kiamat bakal aya,
pajar ukur nyingsieunan,nu kapir teh seuseurian, - Padahal kiamat pasti, bakal cunduk hiji wanci,
nu uninga mung Ilahi, manusa mah moal ngarti. - Mun kiamat enggeus cunduk, nu kapir bati ngaheruk,
kakara sadar jeung eling, elingna geus elat teuing, - Nu mawi yeuh kanca mitra, urang teh wajib percaya,
engke dina hiji mangsa, kiamat pasti cundukna. - Ti ayeuna urang tobat, samemeh dongkap kiamat,
mugi Alloh ngahampura, kana samudaya dosa.
- Assalamu'alaikum, ka muslimin wal muslimat,
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 8)Al Baqarah (Surat Kadua) - ayat 127 d/k 141 (tamat)
19 Apr 2004 - 1:41 am
71. KUDU SABAR (:2/127) - rhs, 4 Syawal 1421 H
- Upama gaduh kahayang, ulah osok rurusuhan,
kudu bari sabar diri, kudu tartib ati-ati. - Contona ngadegkeun Ka'bah, ku Ibrahim di baladah,
ngentepkeun batu teh nungtut, ku leukeun mah nya ngawujud. - Mun keur migawe garapan, kudu sabar dileukeunan,
bari muntang ka Ilahi, gawe teh jadi pangbakti.
- Upama gaduh kahayang, ulah osok rurusuhan,