Hasil Pencarian

Hasil pencarian untuk kata kunci puseur (4)

NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 7)Al Baqarah (Surat Kadua) - ayat 115 d/k 126

23 Feb 2004 - 7:50 am

61. NURUL HIKMAH (:2/115) - rhs, 4 Syawal 1421 H


  • Sapanjang nyanghareup ngulon, ngetan deui ngetan deui,
    sapanjang nyanghareup ngidul, ngaler deui ngaler deui,
  • Madhab opat sagemblengna, jagat raya sagebarna,
    kagungan Alloh Ta'ala, kalimpudan iradah-Na.
  • Rahmat kurnia Mantenna, ngalingkupan jagat raya,
    jembar teu aya watesna, Alloh Nu Maha Uninga.
  • Sabudeurna puter jagat, estu kalampud kalampat,
    kacebor ku rahmat ni'mat, ti Alloh Nu Maha Ha'at.

LEMBAGA BASA JEUNG SASTRA SUNDA (LBSS)

31 Aug 2001 - 12:00 am

Udagan utama Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) nyaeta milu ngamumule ngaraksa-ngariksa, miara jeung mekarkeun basa jeung sastra Sunda katut pangajaranana. Ari nu jadi udagan nyaeta milu ngalaksanakeun kawijakan pangwangunan nasional anu luyu jeung aspirasi lokal Jawa Barat. Basa jeung sastra Sunda tetap mampuh bisa ngigelan jaman bari ngarojong kabinekaan budaya anu jadi unsur kamotekaran jeung sumber kakuatan bangsa.

LEMBAGA KEBUDAYAAN UNIVERSITAS PASUNDAN

30 Aug 2001 - 12:00 am

Lembaga Kebudayaan Unpas diadegkeun pikeun lengkah ngalaksanakeun garapan salah sahiji misi husu nyaeta: Nalungtik, miara/ngamumule sarta mekarkeun Budaya Sunda.
Jaba ti eta budaya teh mangrupa reka cipta, rengkak paripolah manusa sagemblengna, cipta, rasa, karya, karsa kaasup palsapah, adat istiadat jeung tata adab anu ngabogaan ajen pikeun nyumpanon kabagjaan lahir jeung batin.

ARSITEKTUR IMAH SUNDASawatara Unsur Budaya Sunda anu Ngandung Ajen Pikeun Ditransformasikeun dina Alam Modern

22 Aug 2001 - 12:00 am

Keur urang Sunda, imah teh lain ngan ukur pikeun tempat cicing, atawa tempat istirahat wungkul, tapi oge boga harti anu leuwih lega, nyakup sosial, ekonomis jeung jadi puseur atikan budaya kaasup pendidikan moral, sarta dianggap suci (sakral). Nya di jero imah pisan tumuwuhna hubungan sosial (sosialisasi) anggota kulawarga. Di imah pisan tempat migawe hal-hal nu sipatna ekonomis (home industri). Di imah pisan hal-hal nu tumali jeung atikan kabudayaan ku indung-bapa diajarkeunana ka anak-anakna. Kitu deui imah teh dianggap suci (sakral), disaruakeun jeung alam mikro (bumi sok disebut imah), nu dianggap miniaturna tina makro (dunya = anu oge disebut bumi). Jadi bumi (imah) teh dianggap sarua jeung bumi (dunya).