Hasil Pencarian

Hasil pencarian untuk kata kunci tanduk (4)

Si Magrib

27 May 2003 - 2:11 am

Tepi ka taun 60 mah rea keneh tegal di Bandung teh. Lapangan bal oge loba deuih. Iwal ti Tegallega nu dibagi jadi sabaraha lapangan bal, aya lapang GB (tukangeun Gedong Sate), Gasibu, Jatayu, Cicendo, Dokter Rum, Brombek (Sukajadi), jeung sajabana. Ari tegal nu sok diparake arulin barudak mah, di antara Taman Maluku, Kebonkawung, Merbabu, jeung sajabana.

Dongeng Sasakala: BANTENG TANDUKAN

11 Apr 2002 - 3:43 am

Ceuk dongeng, baheula mah banteng teh teu boga tanduk. Nu tandukan mah kuda. Nya, pangna banteng tandukan oge, eta teh pamere kuda! Kieu ceunah sasakala na mah.

Di leuweung nu aya di Nagri Sepanyol, hirup sakumpulan kuda. Maranehanana mindeng diudag-udag ku kasieun jeung ku kahariwang. Rek teu kitu kumaha atuh. Mun unggal poe maranehna dibeberik kunu moro. Di baroro teh lain rek diala dagingna. Tapi pikeun diadukeun jeung manusa sakitan.

Dina hiji poe, sakabeh kuda ngayakeun riungan. Maranehna baradami pikeun neangan jalan sangkan bisa hirup tingtrim, teu di beubeurik wae kunu moro.

100 BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDAKu: Drs. Tatang Sumarsono

11 Feb 2002 - 2:21 am

Babasan jeung Paribasa Sunda mangrupa bagian tina kahirupan tur milu ngajembaran Basa Sunda sarta miboga kalungguhan anu penting pikeun panyaturna. Tacan kapaluruh sacara pasti, komo mun tepi kabilangan taunna, ti mimiti iraha gelarna eta rupa-rupa babasan jeung paribasa teh; ngan wae gede kamungkinan henteu sawaktu. Dina harti, mungkin aya anu gelarna geus heubeul pisan jeung deuih anu diduga rada beh dieu. Anu dipake ukuran heubeul jeung anyar teh diantarana ungkara kecap atawa frasa, adegan kalimah, atawa eusi anu dikandungna.

ARSITEKTUR IMAH SUNDASawatara Unsur Budaya Sunda anu Ngandung Ajen Pikeun Ditransformasikeun dina Alam Modern

22 Aug 2001 - 12:00 am

Keur urang Sunda, imah teh lain ngan ukur pikeun tempat cicing, atawa tempat istirahat wungkul, tapi oge boga harti anu leuwih lega, nyakup sosial, ekonomis jeung jadi puseur atikan budaya kaasup pendidikan moral, sarta dianggap suci (sakral). Nya di jero imah pisan tumuwuhna hubungan sosial (sosialisasi) anggota kulawarga. Di imah pisan tempat migawe hal-hal nu sipatna ekonomis (home industri). Di imah pisan hal-hal nu tumali jeung atikan kabudayaan ku indung-bapa diajarkeunana ka anak-anakna. Kitu deui imah teh dianggap suci (sakral), disaruakeun jeung alam mikro (bumi sok disebut imah), nu dianggap miniaturna tina makro (dunya = anu oge disebut bumi). Jadi bumi (imah) teh dianggap sarua jeung bumi (dunya).