Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci tangtosna (3)
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 3)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 31 d/k 50
9 Jan 2003 - 6:25 pm
21. MANUSA DIPAPARINAN AKAL (:2/31,32,33,34) - rhs, 3 Syawal 1421 H
- Manusa unggul darajat, dibanding jeung malaikat,
margi ku Kersa Ilahi, dipaparinan pangarti. - Dipaparinan katerang, apal ngaran barang-barang,
malaikat mah teu terang, kana ngaran barang-barang. - Eta unggulna manusa, dipaparin pangabisa,
ku Alloh Maha Kawasa, Hakim Maha Wijaksana. - Alloh Nu Maha Uninga, kana rasiahna jalma,
nu kedal mangrupi lisan, boh nu buni disimbutan.
- Manusa unggul darajat, dibanding jeung malaikat,
- NGAGUAR MANGSA NGADEGNA UNPADKu: H. Apep Syafei
1 May 2002 - 5:54 am
Sok sanajan geus rawun da bongan sok masih keneh hayang bucu-baca komo mun seug nu dibaca teh aya patula patalina jeung pangalaman nu kungsi karandapan ku sorangan, dina palebah nu nulis macaan sajarah-sajarah Unpad boh Paguyuban Pasundan ngan ukur bisa seuri koneng ari margina ceuk raraosan upami di ibaratkeun mah teu benten sareng nongton Asep Sunarya barang bray teh ujug-ujug ger teh Gatotgaca keur perang jadi teu terang naon sababna.
Tah kukituna barang pun incu nerangkeun yen internet tiasa jadi alat informasi sareng komunikasi jorojoy hoyong kutrat- kotret saperti jaman keur ngora susuganan bae aya paedahna keur sarerea. Jaman keur jadi tukang nyadapan warta di koran "Sipatahoenan" (1950/1960).- SAWANGAN KANA AJEN INAJEN NU DIKANDUNG DINA KECAP SUNDANumutkeun Leksikografis, Etimologis, Semantis, Heurmanetik
14 Sep 2001 - 12:00 am
Upami dietang kecap Sunda teh numutkeun papayan etimologi aya 25 hartos. Tiasa jadi baris nambihan deui saupami leukeun mapay kamus basa sanesna, upami bae dina kamus Basa Kawi-Perancis, hartos kecap Sunda nya eta Kacida pisan endahna tur hejo ngemploh (Viviane Sukanda Tessier, dina diskusi pengamat Kabudayaan, 1990).