Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci tapak (27)
- CARITA PARAHIYANGAN
30 Nov 2001 - 1:06 am
Carita Parahiyangan teh hiji naskah kuno titilar Karuhun Urang sunda ti Galuh anu pohara munelna, ieu naskah teh luhur pisan ajen sajarahna, teu eleh ajenna najan dibandingkeun jeung pararaton atawa Nagarakretagama, nyaeta anu nyaritakeun hal ihwal katut kaayaan Singasari jeung Majapahit.
Carita Parahyiangan eusina nyarsilahkeun kaayaan pulo Djawa anu nyurug ka bagian Beulah kulon jeung sabagian ka Beulah Wetan; malah nyarsilahkeun Raja Sanjaya basa angkat ti Galuh ka tatar Wetan.
Tempat-tempat atawa daerah anu ditulis dina ieu naskah Carita Parahiyangan sabagian parantos kaungsi raratanana, sarta ti eta tempat-tempat teh loba bahan-bahan sejenna anu bias diguar.- WANGSIT TI PRABU WASTUKANCANAKatampi ku Nu Katitipan di Situs Astana Gede - Kawali, 18 September 1990
9 Oct 2001 - 5:24 am
Diwastu kula PRABU WASTUKANCANA. Ieu teh pada merenahkeun maneh ti para Parisada, para Bagawan ti para Kolot Kula, tegesing usikna sanubari nu nitis ti kalanggengan pikeun kamulyaan lahir jeung gaibna.
- WANGSIT TI NU MINDENG DITAREANGANKatampi ku Nu Katitipan di Situs Astana Gede - Kawali, 18 September 1990
9 Oct 2001 - 5:15 am
Kanyataan nu peurih ayeuna eta jadi ciri ganti wanci. Tapi kudu karuat akar dirina, maksudna ulah baranggawe bari teu make titincakan, kudu apal liliwatan jaman. Terus bae terus nyieun tapak nyieun lacak.
- WANGSIT TI BATU TULIS BOGORTanggal: 28 Desember 1987. Katampi ku: R. Hidayat Suryalaga.
25 Sep 2001 - 5:16 am
Ieu cutatan sabagian wangsit ti Batu Tulis Bogor:
Pek hanjat ti Cimawati, mawat diri kana pakemitan. Jog ka lebak Tenjolaya nenjo kadaton nu kari tapakna sabab harita oge geus kari ngaran Pajajaran teh. Jol ka Gunung Emas, di dinya melakkeun pangawasaan. Sarta kula kedal lisan: "Kula gelar di Buana Pancatengah tadah parentah Sang Tunggal, nyieun tunggul ciri nagri dayeuhna Pajajaran di Galuh Pakuan”.- SABDA MUTIARA TI TATAR SUNDA
6 Sep 2001 - 12:00 am
Kalayan geter, nu ngaweuh aubing wujud, kereteg ati ngucapkeun syukur.
Rehing ngalangkungan SundaNet.Com, parantos tiasa kapedalkeun catetan wejangan-wejangan amanat para kasepuhan ti Tatar Sunda, anu digelaran ku Sabda Mutiarana Kasepuhan ti Cinunuk Garut sarta saterasna Insya Allah sabda-sabda sanesna.




















