Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci tingal (14)
- TATAKRAMA BASA SUNDAKu: Drs. H.R. Hidayat Suryalaga
11 Mar 2002 - 3:42 am
Undak-Usuk Basa Sunda anu dina Kongres Basa Sunda taun 1986 di Cipayung Bogor disebut TATAKRAMA BASA SUNDA teh upama dijumlahkeun mah aya dalapan tahapan (ragam). Sanajan Konferensi Kebudayaan Sunda I di Bandung jeung Kongres Basa Sunda VII di Garut ngusulkeun supaya Tatakrama Basa Sunda (UUBS) cukup dua tahap bae nyaeta RAGAM HORMAT jeung RAGAM LOMA, tapi dina hirup kumbuh sapopoe mah masih keneh digarunakeun TILU TAHAP/RAGAM.
- Dongeng Sasakala: CIKA-CIKA
18 Feb 2002 - 7:31 am
Jaman baheula-baheula ge baheula deui aya hiji lembur anu gegek jiwana. Pangeusi eta lembur, meh kabeh jelema carukup. Demi pangupajiwana kana karajinan ngabatik.
Kacaritakeun di eta lembur aya hiji randa boga anak awewe ngaran Marini. Nyi Marini ku indungna pohara dipiasihna, lantaran rajin jeung suhud ngabantuan pagawean indungna. Pagawean di dapur jeung di imah kabeh ditangkes ku manehna. Malah kalan-kalan Nyi Marini sok ngabantuan indungna ngabatik.- Dongeng Sasakala: SITU LENGKONG
18 Feb 2002 - 7:29 am
Jaman baheula, anu jumeneng raja di nagara Cipanjalu, jujulukna Prabu Cakradewa. Anjeunna kagungan putra pameget hiji, kakasihna Prabu Borosngora.
Barang putrana geus sawawa, ku ramana dipiwarang ngalalana nyiar pangabisa.
Sanggeus mangtaun-taun lilana di pangumbaraan, anjeunna mulih deui ka bali geusan ngajadi. Sasumpingna, ramana ngayakeun pesta, sarta nanggap ronggeng sagala, ramena teu kira-kira.- SAWANGAN KANA AJEN INAJEN NU DIKANDUNG DINA KECAP SUNDANumutkeun Leksikografis, Etimologis, Semantis, Heurmanetik
14 Sep 2001 - 12:00 am
Upami dietang kecap Sunda teh numutkeun papayan etimologi aya 25 hartos. Tiasa jadi baris nambihan deui saupami leukeun mapay kamus basa sanesna, upami bae dina kamus Basa Kawi-Perancis, hartos kecap Sunda nya eta Kacida pisan endahna tur hejo ngemploh (Viviane Sukanda Tessier, dina diskusi pengamat Kabudayaan, 1990).




















