Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci umatna (3)
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 8)Al Baqarah (Surat Kadua) - ayat 127 d/k 141 (tamat)
19 Apr 2004 - 1:41 am
71. KUDU SABAR (:2/127) - rhs, 4 Syawal 1421 H
- Upama gaduh kahayang, ulah osok rurusuhan,
kudu bari sabar diri, kudu tartib ati-ati. - Contona ngadegkeun Ka'bah, ku Ibrahim di baladah,
ngentepkeun batu teh nungtut, ku leukeun mah nya ngawujud. - Mun keur migawe garapan, kudu sabar dileukeunan,
bari muntang ka Ilahi, gawe teh jadi pangbakti.
- Upama gaduh kahayang, ulah osok rurusuhan,
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 4)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 51 d/k 66
17 Feb 2003 - 5:45 am
31. ULAH NURUTAN JELEMA ANU DOLIM (:2/51,52) - rhs, 1 Syawal 1421 H
- Nu dolim tong diturutan, baheula geus kaalaman,
umat jaman Nabi Musa, nyarembah arca berhala. - Padahal geus dielingan, ku Nabi Musa utusan,
dina Toret geus diserat, Alloh maparin amanat. - Urang ge jaman ayeuna, kade ulah kitu peta,
gawe ngumpul-ngumpul harta, harta dijieun berhala. - Mun rumaos nyorang lepat, atuh kedah gancang tobat,
da Alloh mah Maha Heman, ngahapunten kalepatan.
- Nu dolim tong diturutan, baheula geus kaalaman,
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 3)Al Baqarah (Surat Kadua) - Ayat 31 d/k 50
9 Jan 2003 - 6:25 pm
21. MANUSA DIPAPARINAN AKAL (:2/31,32,33,34) - rhs, 3 Syawal 1421 H
- Manusa unggul darajat, dibanding jeung malaikat,
margi ku Kersa Ilahi, dipaparinan pangarti. - Dipaparinan katerang, apal ngaran barang-barang,
malaikat mah teu terang, kana ngaran barang-barang. - Eta unggulna manusa, dipaparin pangabisa,
ku Alloh Maha Kawasa, Hakim Maha Wijaksana. - Alloh Nu Maha Uninga, kana rasiahna jalma,
nu kedal mangrupi lisan, boh nu buni disimbutan.
- Manusa unggul darajat, dibanding jeung malaikat,