Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci anyar (23)
- DIRIGEN
13 Jan 2004 - 10:19 pm
Dirigen teh anu mingpin pintonan musik, biasana dina wangunan orkestra atawa paduan suara. Sang dirigen disebutna konduktor, mingpin, nangtung dihareupeun pamaen musik atawa vokal, mere aba-aba atawa ngatur irama lagu. Dina istilah karawitan mah, can aya ngaran nu baku, sabab hal ieu teu patia biasa dipake. Dina nabeuh upamana, sanajan loba nu maenna tur laguna panjang, bisa jaralan sorangan tanpa kudu dipingpin ku dirigen.
- Dipegat Peneng
14 May 2003 - 1:38 am
Bisa jadi kulantaran pangeusi kota can loba, sasat kaurus pisan kota teh. Kageroh ku pamarentah kota nu pagawena ukur pupuluhan oge. Ongkoh warga kota teh narurut keneh. Sarieuneun mun teu nurut kana peraturan atawa baha kana parentah gegeden teh.
Geura we, tutumpakan, teu waranieun ngarempak palaturan padahal tara sapanjangna aya pulisi. Kareta mesin, beca, delman, geus puguh ari motor jeung mobil mah, apan tara aya nu wani ngulampreng peuting bari teu make lampu. Berko sepedah teh apan paalus-alus, pacaang-caang.- PARIBASA ANYAR
11 Nov 2002 - 2:20 pm
Ku saliwat mah kabeungharan paribasa Sunda teh henteu ngarekahan henteu nambahan. Lolobana nu diparake teh paribasa nu geus nyampak (sampakan). Ku kituna teu saeutik paribasa anu harti kecapna malah harti eta paribasa geus teu kapahameun deui ku balarea, kulantaran boh kecapna boh barang atawa pasipatan anu dituduhkeun ku eta kecap geus teu dipiwanoh deui ku masarakat.
- TEMBANG SUNDA LARAS SOROG I
17 Oct 2002 - 4:22 am
Tembang Sunda nu kapungkur sok disebat Cianjuran, mangrupi kasenian klasik Sunda anu henteu luntur ku usum henteu laas ku jaman. Kawitna Tembang Sunda teh mung kalangenan para santana di kabupaten sareng lingkungan anu tinangtos bae, nanging ayeuna mah parantos prah di mana-mana. Pakempelan Tembang Sunda dugdeg, meh diunggal Kabupaten aya. Anu panganyarna nyaeta pakempelan tembang Sunda ARDACANDRA, di babancong Pendopo Kabupaten Bandung.
- KECAP SESEBUTAN WAKTU
11 Jul 2002 - 7:36 am
Dina mahabuna elmu pangaweruh kiwari, umumna nu diudag teh pasualan atanapi pangaweruh anyar. Kukituna sabengbatan mah KECAP SESEBUTAN WAKTU ieu teh sapertos teu aya pupurieunana. Moal boa seueur diantawis baraya Kisunda anu lali kana sesebutan waktu ieu.
Tah, bilih teras lapur kateureuy waktu, urang pulungan deui nu tos nyarahcal maruragan laleungitan teh. Eta cenah tos teu luyu sareng paneka jaman, keun bae, da ieu mah niatna oge ngampihan. Bilih bae jaga anak incu urang nanya sesebutan waktu sapertos wanci rumangsang, sapanyeupahan atawa naon ari sataun landung teh?




















