Hasil Pencarian

Hasil pencarian untuk kata kunci bagean (9)

REOG PERLU DIRUMATOleh: Entjim Supardi

26 Feb 2002 - 2:13 am

Kasenian reog kiwari matak prihatin, sabab ayeuna mah beunang dibilang ku ramo jumlahna pakumpulan reog. Beda jeung kayaan din taun limapuluhan anu meh saban kacamatan atawa saban desa ngabogaan grup reog. Siga anu kaalaman ku nu nulis, di Tasikmalaya aya grup reog "Atun", di Ciamis grup reog "Apay" anu kawilang dipikaresep pisan waktu harita. Saban-saban aya nu kariaan teh sok aya wae makalangan, boh reog "Atun" atawa reog "Apay".

Dongeng Sasakala: CAU MANGGALA AYA SIKIAN

11 Feb 2002 - 2:30 am

Lantaran cau manggala teh anu pangeunah-ngeunahna ti sakabeh warnaning cau, nepi ku Raja di nagara Kamaningan, cau manggala teh dimonopoli, meureun dihep pibasaeunana. Rahayatna teu meunang aya nu wani ngadahar cau manggala. Mun aya nu boga pelak cau manggala, cauna nu asak kudu dibaktikeun ka Raja. Rajana kua nejeun ngahaja nyieun kebon, legana sababaraha hektar. Ari nu purah ngurusna, nya eta Mama Lengser. Lamun aya tangkal cau anu asak buahna, kudu gancang dituar sarta dikirimkeun ka karaton. Mama Lengserna mah nu melak jeung ngurusna, tara dibere butitina-butitina acan. Mama Lengser bati kumetap we tikorona elok-elokan ari ningal Raja keur cacamuilan nuang cau manggala teh. Ari rek menta ka Raja, teu kaduga ku isin. Rek maok, kapan dosa gede anu kasebut maling mah. Komo maok kagungan Raja, najan maok nu sasaha ge teu menang apan.

KUMPULAN SAJAK SUNDA

7 Jan 2002 - 12:26 am

Sajak Sunda umurna teh geus leuwih ti satengah abad. Kitu sotenan lamun diukur ti mimiti Kis Ws nulis sajak, dituturkeun ku KTS (Kadir Tisna Sudjana), ditema ku "Polemik" ngeunaan hak hirup sajak, sarta nepi ka baranahan tug nepi ka kiwari. Mapay lalakon nu sakitu panjangna teh, tangtu we urang bakal panggih jeung patok-patok anu kawilang tingjalegir, kayaning: Kis Ws, Sayudi, Ayip Rosidi, Surachman RM, Wahyu Wibisana, Rachmat M.Sas Karana, Usep Romli, tug nepi ka Godi Suwarna.

ARSITEKTUR IMAH SUNDASawatara Unsur Budaya Sunda anu Ngandung Ajen Pikeun Ditransformasikeun dina Alam Modern

22 Aug 2001 - 12:00 am

Keur urang Sunda, imah teh lain ngan ukur pikeun tempat cicing, atawa tempat istirahat wungkul, tapi oge boga harti anu leuwih lega, nyakup sosial, ekonomis jeung jadi puseur atikan budaya kaasup pendidikan moral, sarta dianggap suci (sakral). Nya di jero imah pisan tumuwuhna hubungan sosial (sosialisasi) anggota kulawarga. Di imah pisan tempat migawe hal-hal nu sipatna ekonomis (home industri). Di imah pisan hal-hal nu tumali jeung atikan kabudayaan ku indung-bapa diajarkeunana ka anak-anakna. Kitu deui imah teh dianggap suci (sakral), disaruakeun jeung alam mikro (bumi sok disebut imah), nu dianggap miniaturna tina makro (dunya = anu oge disebut bumi). Jadi bumi (imah) teh dianggap sarua jeung bumi (dunya).