Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci bareng (24)
- Saung Angklung Mang Udjo; Jadi Kampung Sunda
6 Jul 2004 - 3:03 am
Geus teu anéh pikeun urang Padasuka mah, upama aya turis asing ngadongdon wewengkonna. Ti taun 1970-an, geus réa wisatawan nu ngulampreng ka ieu patempatan. Rék naon cenah éta turis bet jul-jol ka Padasuka?, jauh dijugjug, anggang di téang, kataji ku garapan seni Saung Angklung Mang Udjo, nu perenahna di jalan Padasuka no 118 Bandung
Nurutkeun panintén kapariwisataan, karéréan wisatawan nu datang, ka Bandung atawa ka Jawa Barat, tujuan utamana téh ka saung Mang Udjo. Malah nurutkeun béja mah, ngadongdon ka tempat liana mah ngan ukur sasampiran. Pang kitu téh kawasna nepi ka kiwari nu pangkajojona téh Saung Mang Udjo.- RAWAYAN JATI SARENG SAD KAMANUSAAN, SUMBER AJEN INAJEN AKHLAK KASUNDAANKonsep Akhlak Sunda anu Islami pikeun Atikan di Institusi Formal, in-Formal, non-Formal
30 Mar 2004 - 2:10 pm
Luyu sareng udagan nu bade dihontal ku ieu "diskusi" nu diayakeun ku Balai Kajian Sejarah dan Nilai Tradisional Bandung, nyaeta "Sebuah Upaya Pewarisan Budi Pekerti kepada Siswa Sekolah" nu diluuhan ku para pangatik widang studi agama, hususna Agama Islam.
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS I (bagian 6)Al Baqarah (Surat Kadua) - ayat 94 d/k 114
17 Feb 2004 - 2:20 am
51. WAKTU KEDAH DIANGGO IBADAH (:2/94,95,96) - rhs, 4 Syawal 1421 H
- Seueur pisan nu nga'dua, hayang paranjang umurna,
Padahal mun henteu taqwa, panjang umur teh teu guna. - Panjang umur sadi siksa, lamun seug salah ngeusina,
Panjang umur teu mangpa'at, lamun henteu daek solat. - Panjang umur bari iman, eta kurnia pangeran,
Waktu dipake ibadah, umurna ge pinuh berekah. - Panjang umur eta bagja, lamun dibarengan takwa,
Hirup teh gede gunana, lamun seug bisa ngaturna.
- Seueur pisan nu nga'dua, hayang paranjang umurna,
- Karesmen Ngertakeun Bumi Lamba
7 Nov 2003 - 3:44 am
Cikeruh Ulah Rek Kiruh, Kuduna Canembrang Herang.
Nya Ieu Sirah Cai Ci Sempur, Kudu Dirumat Sangkan Hirup Makmur.
Di dieu Tapak Sasaka, Sirah Walungan Jadi Pusaka.
Lamun Hirup Hayang Nanjung, Piara Ieu Sirah Cikapundung.
Ieu Sasaka Jadi Amanat, Sirah Cai Kudu Dirumat.
Sasaka Karaharjaan, Ku Miara Ieu Sungapan.
Ciri Bakti ka Lemah Cai, Ku Miara Ieu Sirah Cai.- SAHA ARI URANG SUNDA TEHH.R. Hidayat Suryalaga
23 Jul 2003 - 10:57 pm
Hiji waktu nu geus kalaiwat dina riungan para tokoh Urang Sunda jeung sawatara anggota DPRD Prop. Jabar basa ngabahas "milih pigupernureun/wagup Prop. Jabar", ti antara anu hadir aya nu nanyakeun ka anggota DPRD Prop. Jabar tea, saha jeung nu kumaha anu disebut SUNDA teh. Ti antara anggota DPRD Prop. Jabar nu aya harita saurang oge taya nu bisa nerangkeun kalawan jentre. Ieu kaaayan teh ngagambarkeun yen wawakil rayat Sunda teh dina buktina mah henteu apaleun kana saha jeung naon anu diwakilanana. Estu pikasediheun pisan. wawakil urang Sunda teu ngartieun kana saha jeung naon ari SUNDA teh.