Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci beuki (18)
- BEREGEJED III
15 May 2002 - 1:56 am
Waktu Ki Sanip keur ngasuh incuna anu umur lima taun, kalayang teh aya langlayangan leupas luhureunana.
"Udag, Ki, Udag!" ceuk incuna bari nyurung-nyurung incuna.
Sabenerna Ki Sanip teh geus kolot, geus bongkok.
Leumpang ge dongko komo ieu kudu lumpat. Tapi dasar nyaah ka incu, ngan beretek we manehna lumpat ngudag langlayangan. Tapi hanjakal teu hasil.
Bari renghap ranjung manehna nyamperkeun incuna.
"Lapur Cu, teu kaudag."
"Tuda Aki mah salah. Lumpatna bari jeung dongko sagala. Pan geus puguh langlayangan mah diluhur, teu kudu dodongkoan siga neangan duit leungit, Ki!" ceuk incuna, ngagelendeng semu nu keuheul pisan.- NGAGUAR MANGSA NGADEGNA UNPADKu: H. Apep Syafei
1 May 2002 - 5:54 am
Sok sanajan geus rawun da bongan sok masih keneh hayang bucu-baca komo mun seug nu dibaca teh aya patula patalina jeung pangalaman nu kungsi karandapan ku sorangan, dina palebah nu nulis macaan sajarah-sajarah Unpad boh Paguyuban Pasundan ngan ukur bisa seuri koneng ari margina ceuk raraosan upami di ibaratkeun mah teu benten sareng nongton Asep Sunarya barang bray teh ujug-ujug ger teh Gatotgaca keur perang jadi teu terang naon sababna.
Tah kukituna barang pun incu nerangkeun yen internet tiasa jadi alat informasi sareng komunikasi jorojoy hoyong kutrat- kotret saperti jaman keur ngora susuganan bae aya paedahna keur sarerea. Jaman keur jadi tukang nyadapan warta di koran "Sipatahoenan" (1950/1960).- Dongeng Sasakala: GAGAK JADI HIDEUNG
11 Feb 2002 - 2:29 am
Jaman baheula aya oray sanca keur nawu balong. Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna beulah dieu dibeulitkeun kana pancuh tambakan. Awakna malang dina balong tea, tuluy diayunkeun…geblok, geblok we caina ditawu, cara nawu ku gobang panjang.
- Dongeng Sasakala: LELE PAMATILAN
11 Feb 2002 - 2:28 am
Jaman baheula mah lauk nu pangranggetengna teh mujaer, eukeur mah awakna gede, turug-turug boga pakarang, gerakanana rancingeus. Dina tonggongna aya nu rangseb tur boga pamatil. Tong boro bangsa lauk keneh, dalah jelema oge ngarasa sieun ari dipatil mah.
- Dongeng Sasakala: TOKE
11 Feb 2002 - 2:24 am
Aya budak miskin, ngaranna Si Teka. Manehna hayang boga elmu, tuluy guguru. Tapi ku Pandita dijieun juru betek, henteu diangken murid cara anu sejen. Unggal poe ti isuk-isuk nepi ka peuting digawekeun taya reureuhna. Meunang sababaraha taun di patapaan teh teu nyaho di alip bingkeng-bingkeng acan, cek babasan tea mah, da tara diwuruk.




















