Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci eunteup (4)
- Geus nepi kana UganaKu Dédé Kosasih
17 Aug 2005 - 10:27 am
Hiji peristiwa 'monuméntal' geus diguratkeun ku mangsi emas dina leunjeuran sajarah bangsa Indonésia, nyaéta ku lumangsungna pilprés kalayan suksés, aman, langsung tur démokratis. Hasilna, pada-pada kasaksén yén SB. Yudhoyono resmi jadi papayung agung bangsa Indonésia 2004-2009, sabada nyangking mandat rayat dina Pilprés II dina tgl 20 Séptémber 2004. Nya ieu meureun geus nepi kana ugana téh. Mungguh cék Bah Usin téa mah geus jadi guratan nasib jeung takdir hiji mahluk luyu jeung tutulisan ti Loh Mahpudna.
Geus nepi kana ugana. Ieu ungkara téh bet jadi ngahudang tineung. Jol ras baé inget kana kapercayaan kolot urang baheula, ngeunaan uga. Ari uga dina konsépsi masarakat Sunda raket patalina jeung sistim kapercayaan minangka tujuman (ramalan) parakaruhun baheula utamana kana parobahan sosial politik nagara nu bakal datang. Sakumaha nu kaunggel dina: uga Bandung, uga Galunggung, uga Banten jeung uga Kawasén. Upamana, cék uga Galunggung, cenah: Sunda bakal nanjung mun pulung geus turun ti Galunggung.- TEMBANG SUNDA LARAS SOROG I
17 Oct 2002 - 4:22 am
Tembang Sunda nu kapungkur sok disebat Cianjuran, mangrupi kasenian klasik Sunda anu henteu luntur ku usum henteu laas ku jaman. Kawitna Tembang Sunda teh mung kalangenan para santana di kabupaten sareng lingkungan anu tinangtos bae, nanging ayeuna mah parantos prah di mana-mana. Pakempelan Tembang Sunda dugdeg, meh diunggal Kabupaten aya. Anu panganyarna nyaeta pakempelan tembang Sunda ARDACANDRA, di babancong Pendopo Kabupaten Bandung.
- Kawih Sunda III
21 May 2002 - 1:24 am
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan
Umat-imut lucu
Sura-seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priangan
Mojang ti Priangan
Lucu sae atikan
Sae basa sopan
Mojang Priangan- LAGU-LAGU PANAMBIH TEMBANG SUNDA(Manglean II)
5 Feb 2002 - 10:10 pm
Lagu-Lagu Panambih biasa digunakeun nalika mamaos Cianjuran/Tembang Sunda. Biasana upami parantos nembangkeun lagu poko nembe ditema ku lagu Panambih. Waditra nu mirigna iwal ti kacapi indung disarengan ku rincik, suling atanapi rebab.
Kapungkur mah anu sok nembangkeun lagu panambih teh mung juru mamaos istri, nanging ayeuna mah juru mamaos pameget oge sok pirajeunan ngiring nembangkeun lagu Panambih. Istilah lagu Panambih kapungkur sok disebat oge lagu Ekstra husus dianggo dina istilah tembang Sunda/Cianjuran, da upami piriganana ku kiliningan atanpi waditra nu liana mah disebat lagu Kawih bae. Kanggo anu seneng Tembang Sunda/Cianjuran sumangga dihaturanan ngahariring lagu Panambih dina Manglean ka-II.




















