Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci hareup (35)
- PARIGEUING GAYA KAPAMINGPINAN (LEADERSHIP) PRABU SILIWANGIKu: Drs.R.H. Hidayat Suryalaga
9 Sep 2001 - 12:00 am
Kapamingpinan dina masarakat Sunda, nurutkeun Naskah Kuna Sanghiyang Siksa Kanda'ng Karesian. Ieu naskah kuna teh asli titinggal karuhun Sunda taun 1518 Masehi (Prabu Siliwangi/Jayadewata pupusna taun 1521 Masehi) anu disundakeun deui kana basa ayeuna ku Drs. Saleh Danasasmita 1985. Ari aksarana ngagunakeun aksara "Ratu Pakuan", lain Cacarakan. Basana Basa Sunda Buhun.
Dina naskah Kuna ieu teh aya palanggeran, tuduh laku tatakrama pikeun jadi pamingpin di masarakat jaman harita. Sanajan kitu eta palanggeran teh tetep gede gunana pikeun jadi palanggeran pamingpin Sunda jaman ayeuna. Eta palanggeran teh disebut PARIGEUING.- SILIH ASIH, SILIH ASAH, SILIH ASUH (3)Ku: Hidayat Suryalaga
6 Sep 2001 - 10:06 am
Kecap ASUH ngandung harti ngabingbing, ngatik ngadidik, ngajeujeuhkeun, makihikeun, silih raksa, silih riksa, silih jaga dibarengan ku rasa nyaah jeung asih. Jadi SILIH ASUH bisa dihartikeun silih aping silih jaring, silih pikanyaah, silih pihapekeun diri, silih tanggeuy ku kadeudeuh, silih ajen inajenan, silih hormat. Nu ahirna ngawujudkeun rasa anu tengtrem ayem, pinuh ku geter silaturahmi anu wening.
- SILIH ASIH, SILIH ASAH, SILIH ASUH (2)Ku: Hidayat Suryalaga
6 Sep 2001 - 10:06 am
Konsep dasar silih asah nyaeta silih tambahan kanyaho, silih seukeutan elmu pangaweruh, silih tambahan pangalaman. Ningkatkeun kamaheran jeung ningkatkeun kualitas mikir pikeun ngungkulan tangtangan atawa masalah nu disanghareupan.
- Tujuh Welas PupuhRumpaka: Drs.R.H. Hidayat Suryalaga
22 Aug 2001 - 12:00 am
Kanggo nyusun rumpaka pupuh, kedah ditarekahan supados luyu sareng jiwa pupuh anu jumlahna aya tujuh welas.
Pupuh Kinanti, Sinom, Asmarandana jeung Dangdanggula ilahar disebut Pupuh Ageung. Naon wae anu sanesna? Mangga aos anu langkung lengkepna.- ARSITEKTUR IMAH SUNDASawatara Unsur Budaya Sunda anu Ngandung Ajen Pikeun Ditransformasikeun dina Alam Modern
22 Aug 2001 - 12:00 am
Keur urang Sunda, imah teh lain ngan ukur pikeun tempat cicing, atawa tempat istirahat wungkul, tapi oge boga harti anu leuwih lega, nyakup sosial, ekonomis jeung jadi puseur atikan budaya kaasup pendidikan moral, sarta dianggap suci (sakral). Nya di jero imah pisan tumuwuhna hubungan sosial (sosialisasi) anggota kulawarga. Di imah pisan tempat migawe hal-hal nu sipatna ekonomis (home industri). Di imah pisan hal-hal nu tumali jeung atikan kabudayaan ku indung-bapa diajarkeunana ka anak-anakna. Kitu deui imah teh dianggap suci (sakral), disaruakeun jeung alam mikro (bumi sok disebut imah), nu dianggap miniaturna tina makro (dunya = anu oge disebut bumi). Jadi bumi (imah) teh dianggap sarua jeung bumi (dunya).





















