Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci jandela (5)
- Kawih Sunda III
21 May 2002 - 1:24 am
Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan
Umat-imut lucu
Sura-seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priangan
Mojang ti Priangan
Lucu sae atikan
Sae basa sopan
Mojang Priangan- BEREGEJED III
15 May 2002 - 1:56 am
Waktu Ki Sanip keur ngasuh incuna anu umur lima taun, kalayang teh aya langlayangan leupas luhureunana.
"Udag, Ki, Udag!" ceuk incuna bari nyurung-nyurung incuna.
Sabenerna Ki Sanip teh geus kolot, geus bongkok.
Leumpang ge dongko komo ieu kudu lumpat. Tapi dasar nyaah ka incu, ngan beretek we manehna lumpat ngudag langlayangan. Tapi hanjakal teu hasil.
Bari renghap ranjung manehna nyamperkeun incuna.
"Lapur Cu, teu kaudag."
"Tuda Aki mah salah. Lumpatna bari jeung dongko sagala. Pan geus puguh langlayangan mah diluhur, teu kudu dodongkoan siga neangan duit leungit, Ki!" ceuk incuna, ngagelendeng semu nu keuheul pisan.- BEREGEJED II
11 Mar 2002 - 3:23 am
Sabada dibejaan aya pasen rumah sakit jiwa nu kabur. Satpam geuwat indit neangan. Jog manehna ka hiji imah nu teu jauh ti eta rumah sakit. Satpam nanya ka hiji lalaki.
"Pa, tadi aya nu ngalangkung ka dieu?"
"Kumaha jalmina?"
"Awakna pendek, begang, beurat na kira-kira 200 kg!"
"Har? Piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?"
"Hih ari Bapa. Kapan jalma gelo manehna teh!"- Dongeng Sasakala: CIKA-CIKA
18 Feb 2002 - 7:31 am
Jaman baheula-baheula ge baheula deui aya hiji lembur anu gegek jiwana. Pangeusi eta lembur, meh kabeh jelema carukup. Demi pangupajiwana kana karajinan ngabatik.
Kacaritakeun di eta lembur aya hiji randa boga anak awewe ngaran Marini. Nyi Marini ku indungna pohara dipiasihna, lantaran rajin jeung suhud ngabantuan pagawean indungna. Pagawean di dapur jeung di imah kabeh ditangkes ku manehna. Malah kalan-kalan Nyi Marini sok ngabantuan indungna ngabatik.- SABDA MUTIARA TI TATAR SUNDA
6 Sep 2001 - 12:00 am
Kalayan geter, nu ngaweuh aubing wujud, kereteg ati ngucapkeun syukur.
Rehing ngalangkungan SundaNet.Com, parantos tiasa kapedalkeun catetan wejangan-wejangan amanat para kasepuhan ti Tatar Sunda, anu digelaran ku Sabda Mutiarana Kasepuhan ti Cinunuk Garut sarta saterasna Insya Allah sabda-sabda sanesna.




















