Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci kanan (45)
- BEREGEJED III
15 May 2002 - 1:56 am
Waktu Ki Sanip keur ngasuh incuna anu umur lima taun, kalayang teh aya langlayangan leupas luhureunana.
"Udag, Ki, Udag!" ceuk incuna bari nyurung-nyurung incuna.
Sabenerna Ki Sanip teh geus kolot, geus bongkok.
Leumpang ge dongko komo ieu kudu lumpat. Tapi dasar nyaah ka incu, ngan beretek we manehna lumpat ngudag langlayangan. Tapi hanjakal teu hasil.
Bari renghap ranjung manehna nyamperkeun incuna.
"Lapur Cu, teu kaudag."
"Tuda Aki mah salah. Lumpatna bari jeung dongko sagala. Pan geus puguh langlayangan mah diluhur, teu kudu dodongkoan siga neangan duit leungit, Ki!" ceuk incuna, ngagelendeng semu nu keuheul pisan.- Dongeng Sasakala: MAUNG LEUTIK CANGKENGNA
11 Apr 2002 - 3:35 am
Ceuk beja, cenah baheula mah maung teh antara cangkeng jeung dadana teu sabaraha beda, ampir sarua bae gedena.
Dina usum paceklik dihiji leuweung, sasatoan kungsi ngarandapan kakurangan kahakanan. Sagala bubuahan, beubeutian, katut ka jujukutan oge gararing, sabab halodo banget.- PITUDUH SINGGET TIORI DRAMAKu: Drs. H.R. Hidayat Suryalaga
21 Mar 2002 - 5:55 am
Carita drama mibanda unsur-unsur nu sami sareng karya sastra sanesna, upamina sareng novel, roman atanapi carita pondok. Mung dina naskah drama mah, kumargi kanggo gelarkeuneun, unsur carita teh kedah aya pangropea nu husus, pang-pangna dina plot, sareng watek.
Wangun drama sok disebut oge bagan drama, rarancang, rangka drama, atanapi galur drama (damatic line). Aya sawatara pamendak ngeunaan wangun drama teh, nanging urang ngabantun anu basajan bae nya eta nu disebat wangun Aristotelian, numutkeun pamendakna Aristoteles Budayawan Yunani baheula.- TATA BUSANA DODOT SUNDA & DODOT POLENG RELIGIUSOleh: Drs. H.R. Hidayat Suryalaga
11 Mar 2002 - 3:51 am
Tata busana Mojang Sunda sudah terkenal sampai ke mancanegara. Keindahan, keluwesan, mode serta asesoriesnya selalu menjadi acuan tata busana wanita Nasional. Demikian pula tata busana Pengantinnya, dari waktu ke waktu selalu mengalami perkembangan yang pesat, sehingga Bandung sering disebut sebagai pusat mode bagi Nusantara.
Tetapi tata busana untuk kaum Pria Sunda tidak sepesat perkembangan tata busana mojangnya. Padahal tidak sedikit kaum pria Urang Sunda yang pada waktu-waktu tertentu, seperti halnya dalam resepsi pernikahan, sangat berkeinginan untuk mempunyai tata busana pria yang khas Sunda. Pada beberapa kesempatan penulis telah mencoba memodifikasi tata busana Dodot Kasundaan, hasilnya antara lain berupa tata busan pria/dodot Jajaka yang digunakan sebagai tata busana wajib pada pemilihan Jajaka dan Mojang Parahiyangan/Jawa Barat (1993).- Dongeng Sasakala: SELAT SUNDA JEUNG GUNUNG KRAKATAU
1 Mar 2002 - 2:31 am
Jaman baheula di pulo Jawa beulah Kulon, ngadeg hiji karajaan nu diratuan ku Prabu Rakata. Sang Prabu kagungan putra dua. Anu cikal jenengan Raden Sundana, anu bungsu Raden Tapobrana. Harita mah Pulo Jawa sareng Sumatera teh ngahiji.
Ku margi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, teras masrahkeun karajaan ka putra-putrana. Karajaan teh dibagi dua. Anu palih Wetan ka Raden Sundana, nu palih Kulon ka Raden Tapobrana.




















