Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci keukeuh (5)
- NADOMAN NURUL HIKMAH, DARAS 30 (bagian 2)Tina Surat AN NAZIAAT (Malaikat anu Ngadudut Roh) - Surat Katujuhpuluh salapan - ayat 1 d/k 46
20 Dec 2004 - 12:33 pm
15. SAKARATNA JELEMA ANU KAPIR KACIDA PIKAWATIREUNANA (:79/1) - rhs, 17 Jumadilahir 1428 H
- Sakaratna jalma kapir, estuning ku matak watir,
ku Ijroil digebugan, anu kapir diteunggeulan. - Digebugan sahabekna, sangkan ka luar nyawana,
nyawana mugen embungeun, sieun dika-narakakeun. - Si nyawa didudut tarik, nyawa teh ngajerit ceurik,
tingkoceak sosongkolan, sakaratna nu teu iman. - Naha atuh maneh kapir, teu inget engke di ahir,
bakal pinanggih jeung maot, dipapag malakal maot. - Sanajan ampun-ampunan, enggeus euweuh kasempetan,
tobatna geus elat teuing, naha baheula teu eling. - Tarima bae buktina, sabab teu iman teu takwa,
marukan teh bakal lana, langgeng rek hirup di dunya. - Na naon nu diteangan, ngumbar napsu tetemenan,
terang-terang geus lekasan, malakalmaot nungguan.
- Sakaratna jalma kapir, estuning ku matak watir,
- Naskah Kuna: WAWACAN LUTUNG KASARUNGOleh: Drs. H. Rd. Hidayat Suryalaga
11 Jul 2002 - 4:55 am
Meureun hidep ge geus nguping, carios sepuh baheula, aya dongeng anu rame, carita pantun asalna, asli dongeng ti Sunda, carita Lutung Kasarung, kieu geura lalakonna.
Kacaturkeun hiji wanci, tempatna di Kahiangan, bujangga karempel kabeh, para pohaci harempak, sareng hiji satria, kasep putra Sunan ambu, nu jenengan Guru Minda.- Dongeng Sasakala: MAUNG LEUTIK CANGKENGNA
11 Apr 2002 - 3:35 am
Ceuk beja, cenah baheula mah maung teh antara cangkeng jeung dadana teu sabaraha beda, ampir sarua bae gedena.
Dina usum paceklik dihiji leuweung, sasatoan kungsi ngarandapan kakurangan kahakanan. Sagala bubuahan, beubeutian, katut ka jujukutan oge gararing, sabab halodo banget.- BEREGEJED II
11 Mar 2002 - 3:23 am
Sabada dibejaan aya pasen rumah sakit jiwa nu kabur. Satpam geuwat indit neangan. Jog manehna ka hiji imah nu teu jauh ti eta rumah sakit. Satpam nanya ka hiji lalaki.
"Pa, tadi aya nu ngalangkung ka dieu?"
"Kumaha jalmina?"
"Awakna pendek, begang, beurat na kira-kira 200 kg!"
"Har? Piraku jalmi begang tepi ka 200 kg?"
"Hih ari Bapa. Kapan jalma gelo manehna teh!"- LAGU-LAGU PANAMBIH TEMBANG SUNDA(Manglean II)
5 Feb 2002 - 10:10 pm
Lagu-Lagu Panambih biasa digunakeun nalika mamaos Cianjuran/Tembang Sunda. Biasana upami parantos nembangkeun lagu poko nembe ditema ku lagu Panambih. Waditra nu mirigna iwal ti kacapi indung disarengan ku rincik, suling atanapi rebab.
Kapungkur mah anu sok nembangkeun lagu panambih teh mung juru mamaos istri, nanging ayeuna mah juru mamaos pameget oge sok pirajeunan ngiring nembangkeun lagu Panambih. Istilah lagu Panambih kapungkur sok disebat oge lagu Ekstra husus dianggo dina istilah tembang Sunda/Cianjuran, da upami piriganana ku kiliningan atanpi waditra nu liana mah disebat lagu Kawih bae. Kanggo anu seneng Tembang Sunda/Cianjuran sumangga dihaturanan ngahariring lagu Panambih dina Manglean ka-II.




















