Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci kuring (38)
- Dongeng Sasakala: CIKA-CIKA
18 Feb 2002 - 7:31 am
Jaman baheula-baheula ge baheula deui aya hiji lembur anu gegek jiwana. Pangeusi eta lembur, meh kabeh jelema carukup. Demi pangupajiwana kana karajinan ngabatik.
Kacaritakeun di eta lembur aya hiji randa boga anak awewe ngaran Marini. Nyi Marini ku indungna pohara dipiasihna, lantaran rajin jeung suhud ngabantuan pagawean indungna. Pagawean di dapur jeung di imah kabeh ditangkes ku manehna. Malah kalan-kalan Nyi Marini sok ngabantuan indungna ngabatik.- Dongeng Sasakala: LELE PAMATILAN
11 Feb 2002 - 2:28 am
Jaman baheula mah lauk nu pangranggetengna teh mujaer, eukeur mah awakna gede, turug-turug boga pakarang, gerakanana rancingeus. Dina tonggongna aya nu rangseb tur boga pamatil. Tong boro bangsa lauk keneh, dalah jelema oge ngarasa sieun ari dipatil mah.
- Dongeng Sasakala: TOKE
11 Feb 2002 - 2:24 am
Aya budak miskin, ngaranna Si Teka. Manehna hayang boga elmu, tuluy guguru. Tapi ku Pandita dijieun juru betek, henteu diangken murid cara anu sejen. Unggal poe ti isuk-isuk nepi ka peuting digawekeun taya reureuhna. Meunang sababaraha taun di patapaan teh teu nyaho di alip bingkeng-bingkeng acan, cek babasan tea mah, da tara diwuruk.
- LAGU-LAGU PANAMBIH TEMBANG SUNDA(Manglean II)
5 Feb 2002 - 10:10 pm
Lagu-Lagu Panambih biasa digunakeun nalika mamaos Cianjuran/Tembang Sunda. Biasana upami parantos nembangkeun lagu poko nembe ditema ku lagu Panambih. Waditra nu mirigna iwal ti kacapi indung disarengan ku rincik, suling atanapi rebab.
Kapungkur mah anu sok nembangkeun lagu panambih teh mung juru mamaos istri, nanging ayeuna mah juru mamaos pameget oge sok pirajeunan ngiring nembangkeun lagu Panambih. Istilah lagu Panambih kapungkur sok disebat oge lagu Ekstra husus dianggo dina istilah tembang Sunda/Cianjuran, da upami piriganana ku kiliningan atanpi waditra nu liana mah disebat lagu Kawih bae. Kanggo anu seneng Tembang Sunda/Cianjuran sumangga dihaturanan ngahariring lagu Panambih dina Manglean ka-II.- LAGU–LAGU KAWIH SUNDA(Manglean I)
5 Feb 2002 - 8:46 pm
Dina kandaga kabeungharan seni swara Sunda aya nu disebat KAWIH aya nu dipirig ku waditra aya oge anu ditambul bae. Piriganana tiasa ku kilinihgan, degung, kacapian, calung, angklung, malah tiasa bae ku alat musik moderen oge.
Rumpaka lalaguan Kawih kalintang seueurna, malah seueur anu parantos dianggap klasi upamina bae Es Lilin, Awi Ngarambat, Manuk Dadali, Budak Ceurik jeung sajabana ti eta. Kanggo panglejar kalbu mangga ku para wargi SundaNet.Com dihahariringkeun. Ayeuna nembe kahaturkeun Mangalean ka-I.





















