Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci nyumponan (5)
- RAWAYAN JATI SARENG SAD KAMANUSAAN, SUMBER AJEN INAJEN AKHLAK KASUNDAANKonsep Akhlak Sunda anu Islami pikeun Atikan di Institusi Formal, in-Formal, non-Formal
30 Mar 2004 - 2:10 pm
Luyu sareng udagan nu bade dihontal ku ieu "diskusi" nu diayakeun ku Balai Kajian Sejarah dan Nilai Tradisional Bandung, nyaeta "Sebuah Upaya Pewarisan Budi Pekerti kepada Siswa Sekolah" nu diluuhan ku para pangatik widang studi agama, hususna Agama Islam.
- SAHA ARI URANG SUNDA TEHH.R. Hidayat Suryalaga
23 Jul 2003 - 10:57 pm
Hiji waktu nu geus kalaiwat dina riungan para tokoh Urang Sunda jeung sawatara anggota DPRD Prop. Jabar basa ngabahas "milih pigupernureun/wagup Prop. Jabar", ti antara anu hadir aya nu nanyakeun ka anggota DPRD Prop. Jabar tea, saha jeung nu kumaha anu disebut SUNDA teh. Ti antara anggota DPRD Prop. Jabar nu aya harita saurang oge taya nu bisa nerangkeun kalawan jentre. Ieu kaaayan teh ngagambarkeun yen wawakil rayat Sunda teh dina buktina mah henteu apaleun kana saha jeung naon anu diwakilanana. Estu pikasediheun pisan. wawakil urang Sunda teu ngartieun kana saha jeung naon ari SUNDA teh.
- NGAGUAR MANGSA NGADEGNA UNPADKu: H. Apep Syafei
1 May 2002 - 5:54 am
Sok sanajan geus rawun da bongan sok masih keneh hayang bucu-baca komo mun seug nu dibaca teh aya patula patalina jeung pangalaman nu kungsi karandapan ku sorangan, dina palebah nu nulis macaan sajarah-sajarah Unpad boh Paguyuban Pasundan ngan ukur bisa seuri koneng ari margina ceuk raraosan upami di ibaratkeun mah teu benten sareng nongton Asep Sunarya barang bray teh ujug-ujug ger teh Gatotgaca keur perang jadi teu terang naon sababna.
Tah kukituna barang pun incu nerangkeun yen internet tiasa jadi alat informasi sareng komunikasi jorojoy hoyong kutrat- kotret saperti jaman keur ngora susuganan bae aya paedahna keur sarerea. Jaman keur jadi tukang nyadapan warta di koran "Sipatahoenan" (1950/1960).- AJEN INAJEN KAMANUSAAN KACIDA PENTINGNA DINA ALAM KASAJAGATANKongres Basa Sunda VII
23 Oct 2001 - 11:47 pm
Ayana Kongres Basa Sunda VII iwal ti pikeun nyumponan garapan gawe LBSS nu geus dirarancang ti anggalna, karasa pisan perluna pikeun ngahirup-huripkeun Basa Sunda dina pajamanan kiwari anu kaayaanana geus loba robahna. Upamana bae ku lantaran ayana parobahan kawijakan kanagaraan, anu tadina sumender kana sentralistik kiwari ngeser kana desentralisasi/Otonomi Daerah (Otda).
- SAWANGAN KANA AJEN INAJEN NU DIKANDUNG DINA KECAP SUNDANumutkeun Leksikografis, Etimologis, Semantis, Heurmanetik
14 Sep 2001 - 12:00 am
Upami dietang kecap Sunda teh numutkeun papayan etimologi aya 25 hartos. Tiasa jadi baris nambihan deui saupami leukeun mapay kamus basa sanesna, upami bae dina kamus Basa Kawi-Perancis, hartos kecap Sunda nya eta Kacida pisan endahna tur hejo ngemploh (Viviane Sukanda Tessier, dina diskusi pengamat Kabudayaan, 1990).




















