Hasil Pencarian
Hasil pencarian untuk kata kunci panalungtikan (10)
- TATAKRAMA BASA SUNDAKu: Drs. H.R. Hidayat Suryalaga
11 Mar 2002 - 3:42 am
Undak-Usuk Basa Sunda anu dina Kongres Basa Sunda taun 1986 di Cipayung Bogor disebut TATAKRAMA BASA SUNDA teh upama dijumlahkeun mah aya dalapan tahapan (ragam). Sanajan Konferensi Kebudayaan Sunda I di Bandung jeung Kongres Basa Sunda VII di Garut ngusulkeun supaya Tatakrama Basa Sunda (UUBS) cukup dua tahap bae nyaeta RAGAM HORMAT jeung RAGAM LOMA, tapi dina hirup kumbuh sapopoe mah masih keneh digarunakeun TILU TAHAP/RAGAM.
- AJEN INAJEN KAMANUSAAN KACIDA PENTINGNA DINA ALAM KASAJAGATANKongres Basa Sunda VII
23 Oct 2001 - 11:47 pm
Ayana Kongres Basa Sunda VII iwal ti pikeun nyumponan garapan gawe LBSS nu geus dirarancang ti anggalna, karasa pisan perluna pikeun ngahirup-huripkeun Basa Sunda dina pajamanan kiwari anu kaayaanana geus loba robahna. Upamana bae ku lantaran ayana parobahan kawijakan kanagaraan, anu tadina sumender kana sentralistik kiwari ngeser kana desentralisasi/Otonomi Daerah (Otda).
- LEMBAGA BASA JEUNG SASTRA SUNDA (LBSS)
31 Aug 2001 - 12:00 am
Udagan utama Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) nyaeta milu ngamumule ngaraksa-ngariksa, miara jeung mekarkeun basa jeung sastra Sunda katut pangajaranana. Ari nu jadi udagan nyaeta milu ngalaksanakeun kawijakan pangwangunan nasional anu luyu jeung aspirasi lokal Jawa Barat. Basa jeung sastra Sunda tetap mampuh bisa ngigelan jaman bari ngarojong kabinekaan budaya anu jadi unsur kamotekaran jeung sumber kakuatan bangsa.
- LEMBAGA KEBUDAYAAN UNIVERSITAS PASUNDAN
30 Aug 2001 - 12:00 am
Lembaga Kebudayaan Unpas diadegkeun pikeun lengkah ngalaksanakeun garapan salah sahiji misi husu nyaeta: Nalungtik, miara/ngamumule sarta mekarkeun Budaya Sunda.
Jaba ti eta budaya teh mangrupa reka cipta, rengkak paripolah manusa sagemblengna, cipta, rasa, karya, karsa kaasup palsapah, adat istiadat jeung tata adab anu ngabogaan ajen pikeun nyumpanon kabagjaan lahir jeung batin.- ARSITEKTUR IMAH SUNDASawatara Unsur Budaya Sunda anu Ngandung Ajen Pikeun Ditransformasikeun dina Alam Modern
22 Aug 2001 - 12:00 am
Keur urang Sunda, imah teh lain ngan ukur pikeun tempat cicing, atawa tempat istirahat wungkul, tapi oge boga harti anu leuwih lega, nyakup sosial, ekonomis jeung jadi puseur atikan budaya kaasup pendidikan moral, sarta dianggap suci (sakral). Nya di jero imah pisan tumuwuhna hubungan sosial (sosialisasi) anggota kulawarga. Di imah pisan tempat migawe hal-hal nu sipatna ekonomis (home industri). Di imah pisan hal-hal nu tumali jeung atikan kabudayaan ku indung-bapa diajarkeunana ka anak-anakna. Kitu deui imah teh dianggap suci (sakral), disaruakeun jeung alam mikro (bumi sok disebut imah), nu dianggap miniaturna tina makro (dunya = anu oge disebut bumi). Jadi bumi (imah) teh dianggap sarua jeung bumi (dunya).




















